Washing Machine


Bangun nu embungeun kaganggu manéhna mah, ngahaja milih tempatna gé di nu pangjuruna. Sakitu geus dibéré nyaho gé ku Operator yén di dinya téh teu pati caang, keukeuh, témbalna téh, "Gak apa-apa kok, cuma sebentar doang." Heueuh ari kituna mah rék lila atawa sakeudeung gé nyeuseuhna da nu anuna ieuh, tapi rék kumaha beresihna mun nyeuseuhna di nu teu pati awas mah.

Bakating ku nyaah sigana, ditémbalan kitu ku konsumén téh, Operator teu éléh déét nitah manéhna mun bisa mah sangkan pindah waé ka mesin cuci nomer 10 atawa nomer 1. Gebeg haté téh asa aya nu nonjokan, teu puguh déngéeunana caran kaléng nu ditakolan. Teu salah kitu dédéngéan téh, geus wé atuh mun bisa mah sina pindah ka nomer 10 wungkul ulah maké jeung atawa. Mun laju jeung atawana, mun laju jeung manéhna daékeun, teu pamohalan nyeuseuhna téh bisa pagigir-gigir. Palias, teu kaur bérés yeuh nyeuseuh téh.

Sok jadi keuheul nu aya, ka Lampu Néon nu ngan hiji-hijina ngadaplok di tengah-luhureun rohangan, ka Mesin Cuci nu keur disanghareupan, pangpangna ka mangkeluk Operator nu katémbongna boga ulat cunihin. Mun lampu néonna henteu ngan hiji mah, sahenteuna mesin cuci nomer 5 nu di pangjuruna téh tangtuna bakal leuwih kacaangan (abong kéna usahana kakara buka, nepi ka urusan lampu gé teu kasiweur). Mun mesin cuci nu disanghareupan téh lain di gigireun beulah kénca mesin cuci nomer 1, sahenteuna teu kudu ngarandapan samar nya polah. Mun mangkeluk Operator teu boga peta cunihin mah, sahenteuna moal nitah manéhna sangkan pindah ka mesin cuci nu padeukeut jeung méja operator atawa moal sina dititah pindah ka mesin cuci nu matak manéhna nukangan méja operator.

Jetrék knob "wash timer" téh disada, sorana miyuni panggeuing pangacian nu bieu kumalayaban. Geus 9 menit lilana ari kitu mah éta seuseuheun téh digulanggapér ku sakadang pamuter—naon nya ngaranna, ceuk Operator mah éta téh sakadang pulsator—dina jero tabung cuci. Sok hanjakal ari geus kieu téh, bingung nya pipetaeun. Kunaon atuh tadi téh teu sakaligus nanya ka Operator kumaha prakprakanana nyeuseuh maké mesin cuci ti mimiti prak nepi ka réngséna, ieu mah kalahka siga nu rék ditungtut nanya téh. Tadi téh élmu ti Operator kakara nepi ka muter knob "selector" kana posisi gentle, ngocorkeun cai tina selang pengisian air nepi ka seuseuheun dina tabung cuci kakeueum kabéh, ngasupkeun déterjén bubuk sacukupna, nutupkeun penutup tabung cuci, laju ditéma kana muter knob "wash timer" dina posisi 9 menit. Geus kitu mah tinggal dagoan wé, cenah.

Lieuk ka Operator, katempona bangun nu keur anteng ngadédéngékeun penyiar radio dina acara "Géboy Mania" nu sorana semu diogokeun téa. Mending kénéh kitu kétang tibatan kaluman euweuh tempoeun mah. Enya maksud téh "Si Amoy" nu totonggéngan ngasup-ngasupkeun seuseuheun tina émbér kana tabung mesin cuci nomer 10 hareupeunana. Atawa kaluman pédah euweuh batur ngobrol sukan-sukan alatan teu laksana ngabandang mojang nu bieu sangkan nyeuseuh di mesin cuci nomer 1 nu padeukeut jeung manéhna.

Nanyakeun waé kitu ieu téh? Mun nanyakeun, lantaran teu purun téa manéhna, hayoh engké kalahka dititah sina maca kana petunjuk penggunaan nu ngajeblag dina témbok hareupeun. Kateuteuari ari kitu mah, merenahna mah daék teu daék manéhna téh kudu ngaladénan sakumaha nu diperedih ku konsumén. Tapi, heueuh barina gé jeung naon dijieun péréléan prak-prakanana nyeuseuh maké mesin cuci nu ngajeblag dipasang dina témbok hareupeun mesin cuci séwang-séwang, mun lain keur bacaeun jalma nu teu ngarti caran kuring mah. Lieuk ka béh juru, ngalingling ngadeuleu maling "Si Amoy" téa. Meneran pisan yeuh, "Si Amoy" téh aya ku jongjon mukaan majalah (tangtuna gé bari dibaca saliwatan) dibarung nyingkurkeun manéh ngadédéngékeun lagu tina walkman-na. Enyaan kituna mah "Si Amoy" téh embungeun kaganggu.

Setelah selesai, buanglah air dengan cara memutar knob "selector" ke posisi "drain". Kitu unina petunjuk penggunaan nu ngajeblag dina témbok hareupeun téh. Sanggeus kapanggih pernahna éta knob "selector" téh, teu talangké deui éta wawaran téh diéstokeun pisan. Ieu mata bangun nu panasaran hideng sorangan nengetan barobahna cai nu aya dina tabung cuci, naha enya cai nu tadi minuhan seuseuheun téh bakal nyirorot kaluar ngaliwatan selang pembuangan. Tangtuna éta pananya téh bijil tina kaayaan nu cangcaya kana polah sorangan, hayoh engké téh bisina nyalahan. Pas tadi nyetrékkeun knob "selector" gé teu sirikna rampang-reumpeung, rarasaan téh siga aya nu keur nalingakeun kana peta kuring. Ah, da éta mah rarasaan wungkul meureun. Teu sing aya nu nalingakeun.

Sidik ayeuna mah dina tabung cuci téh tinggal seuseuheun wungkul ngabagug jeung bangkarak busa tina sésa-sésa déterjén tadi. Bakating ku tarik kaputerken sigana katempona seuseuheun téh sabataé pajeulit teu puguh mana baju mana calanana. Nempo kitu mah teu kudu hariwang mun nyeuseuhna téh teu beresih. Naha da éta mah, sanggeus seseuheun diilikan hiji-hiji, keukeuh kudu hariwang yén nyeuseuh maké mesin cuci teu salawasna seuseuheun beresih kabéh. Angger samodél kokotor nu narapel na tungtung calana jeans mah kudu disikat. Kamana nya kudu nginjeum sikat, sugan Operator nyadiaan.

Cenah ceuk Operator mah sakadang sikat téh keur dipaké ku mesin cuci nomer 4. Ké heula, kudu ka mesin cuci nomer 4, naha nyadiaan sikat ngan hiji-hijina kitu. Aya ku bener ieu mah réntal mesin cuci téh teu nyugemakeun konsuménna. Lain kunanaon, ti tatadi gé matak kabita nu aya nempokeun nu keur nyareusuh di mesin cuci nomer 4 mah, kari-kari ayeuna kudu nyampeurkeun. Tempo geura, maranéhna sakitu layeutna. Aya ku tegep diuk réréndéngan. Nu lalaki keur jongjon maca komik bari leungeun kéncana mah teu lésot ngaléng kana lebah cangkéng nu awéwé. Nu awéwé, siga nu ngahaja ngabibitaan, leungeun katuhuna meneran pisan nyekel pageuh sed saeutik kana luhureun beulah kénca pingping nu lalaki. Kituna téh bari teu weléh nyonyoo hp-na. Kalan-kalan maranéhanana téh ngobrol suka bungah dibarung ku seuri ngeunah pisan. Mun geus nyeueung siga kitu, tungtungna sok ras ka diri sorangan. Iraha nya rék ngalaman.

"Mas, nomer lima dah selesai, ya."

Tangtuna "Si Amoy" nu ngomong kitu téh, apan lain manéhna nu maké mesin cuci nomer lima mah. Enya wé, mojang nu rancunit téh katempona keur beberengkes mérésan seuseuheunana tina tabung spin kana backpack boga manéhna. Aya ku gancang tah si mojang téh nyeuseuhna, ana kitu mah omonganana basa tadi mimiti datang téh teu bohong.

"Kumaha Mas, udah sikatnya?"

Asa kageuingkeun ku mangkeluk Operator, teu kudu ngaduakalikeun manéhna nanya ku kuring dijawab.

"Wios, teu kedah Kang. Kantun dikucek wungkul ieu mah."

Ngomong kituna téh bari diantebkeun lebah kecap kang-na. Kaluman tuda, geus puguh manéhna urang Sunda tangtuna bisa basa Sunda, naha keukeuh maké kénéh kecap mas. Leuheung basa mun "Si Amoy", da manéhna mah lain urang Sunda munasabah mun teu eungeuheun yén sesebutan mas mah pikeun urang Jawa lain jeung urang Sunda.

Pindahkan cucian ke tabung spin, cucian disebar merata di dalam tabung lalu letakan penutup dan tekan cucian memakai penutup tersebut hingga agak padat. Lalu tutup penutup tabung spin.

Sanggeus hakul yakin yén euweuh deui kokotor nu narapel na lebah tungtung calana jeans, seuseuheun nu patulayah na tabung cuci téh gancang dibebes-bebeskeun kana tabung spin sakumaha nu kaunggel dina petunjuk penggunaan.

Aéh enya, "Si Amoy" rék mulang! Hanjakal pisan can anggeus yeuh nyeuseuh téh. Tadina mah sakalian hayang nganteur manéhna heula balik ka kosanana atawa mun daékeun mah diajak nyimpang heula ka Pajawan. Sugan wé manéhna téh can dahar peuting ayeuna. Atawa mun eunggeus, rék diolo sangkan daékeun ari diajak nginum bajigur mah. Beukieun teu, nya? Sigana saacan nanya beukieun henteuna, saacan jauh teuing ngawawaasna, payusna kudu nalék manéh heula. Boga kawani kitu?

Saha nu teu hayang atuh ka manéhna mah. Tong boroning jadi kabogohna, bisa deukeut atawa bisa diaku ku manéhna gé geus pirang-pirang untung nu aya. Tempo geura, manéhna aya ku sieup. Awak sakitu mah manjing kana jangkung leutik, merenahna mah campernik. Pakulitanana tangtuna semu konéng urat héjo maya-maya téa. Boga rupa pibasaeunana mah euweuh céda. Lebah pipina aya ku limit euweuh tapak jerawat atawa bobogoeun.

Ngan nya éta téa aya hanjakalna (lain leuwihna kitu?). Geura ieu mah, manéhna maké  kaos bodas merecet nengah bujal, ka handapna balas maké calana bokser nu nengah pingping téa. Manéhna badis nu ngahaja méré ombér ka nu lian—tangtuna lalaki tolohéor—sangkan laluasa ngawawaas naon waé nu nyampak tangka uruy ciduh.

Putar knob "spin timer" sesuai kebutuhan (saran selama 1–2 menit) tunggu hingga berhenti. Lalu lanjutkan ke "Panduan Cara Membilas".

Manéhna, sakuringeun mah, teu bina ti Vivian Hsu, artis Taiwan nu nanjung di Jepang téa. Inget kénéh kuring mah kana salah sahiji pilem séri-na, Love Story, nu diputer ku salah sahiji statsiun tipi swasta. Mun geus nongton éta carita, teu wudu matak panasaran teu bisa saré. Atawa mun pakulitanana hideng santen mah, teu jauh-jauh teuing jeung Preety Zinta, artis Bolywood nu miboga liang undur-undur dina pipina. Lain, bener kitu Preety Zinta pakulitanana hideng santen? Ké heula, naon ieu téh aya ku gandéng ngaguruh kieu, dadak dumadak mesin cuci jadi oyag-oyagan.

"Kang, bagaimana ini téh!"

Teu kanyahoan iraha datangna, Operator geus aya di gigireun. Manéhna langsung muka penutup tabung spin.

"Kang, kalau ga tau nanya dulu, atuh. Tutup nu ieu téh harusnya mah bukan disimpan di atas wungkul. Tapi kudu diteken sampe ke bawah di dalam tabung pengering. Biar ga kayak tadi! "

Jadol téh, aing wirang. Wirang! "Si Amoy" nu geus di lawang panto rék indit pisan gé nepi ka ngalieuk heula nempo kuring dicarékan. Pon kitu deui nu nyareuseuh di mesin cuci nomer 4, teu sirikna rék nangtung-nangtung acan. Kamana nya aing nyumputkeun beungeut. Mun seug ngaca mah harita, teu pamohalan beungeut téh dadak sakala jadi euceuy beureum bakating ku wirang. Teu euleum-euleum tah Si Operator cunihin téh nyeukseukkan aing nepi ka kituna. Ngomongna téh bari pepeta sagala hayang katangar yén manéhna téh nu paling nyaho kana urusan mesin cuci. Mun geus kitu, meni hayang gancang-gancang balik ka kosan pikeun nyumputkeun rasa kawirang. Meni hayang gancang-gancang tibra saré, susuganan bisa kajadian bieu téh ngan saukur ngimpi wungkul.

Wi-Ni Wash, 14 Maret 2006

Kungsi dimuat di tabloid mingguan basa Sunda:
Galura Nomer 11 Taun ka-18/Edisi Minggu III-Juni 2006

0 Response to "Washing Machine"

Posting Komentar

Jika postingan di atas bermanfaat dan Anda tertarik untuk berbagi perasaan dan pikiran bersama kami, silakan tulis komentar. Terima kasih ;-)