Mamanis Basa


Mindeng kawénéhan puguh gé mun pareng nungkulan kariaan nu ngawinkeun, ngabandungan babasaan mc nu matak kataji. Geus lir ari kalimahna nu puguh éntép seureuhna mah, da éta pisan atuh nu diperedih kudu geus kacangkem ku mc téh, ieu mah babasaan mc nu parigel pisan lebah nyarungsum kalimahna ku babasan/paribasa jeung kekecapan nu murwakanti. Sok ras inget deuih ka ki lanceuk, Djadjas Djasépudin, ébréh pisan dina sawatara tulisanana sakadang babasan/paribasa jeung kekecapan nu murwakanti téh banget dilulugukeun. Singhoréng lain ngan babasaan mc jeung ki lanceuk wungkul nu siga kitu téh, tapi mindeng kawénéhan ogé mun pareng nguping piwejang ajengan dina pangaosan di masigit, atawa biantara bapa lurah dina riungan di balé désa, cindekna mah dina wangkongan sapopoé (winangun lisan). Pon kitu deui dina winangun tinulisna, boh dina wangun basa lancaran (prosa) boh dina wangun basa ugeran (puisi), babasaan nu siga kitu téh mindeng nyampak. Pikecapeunana mah babasaan nu dipapaés ku mamanis basa.

Lebah dinyana mah sigana euweuh deui basa nu beunghar ku mamanis basa iwal ti basa Sunda. Sanajan bebeneran nu bieu digoréhélkeun téh bau-bau hawa a priori—hiji kecap nu dipahing pisan ku almukaromah Ajip Rosidi, keukeuh pikeun guluyurna ieu cacaritaan seja diéstokeun pisan.

Mamanis basa dina basa Sunda sahenteuna mibanda dua pungsi, nya éta (1) pungsi komunikatif, dina harti pikeun leuwih ngajéntrékeun maksud nu rék ditepikeun ku nu nyarita ku jalan méré babandingan mirupa babasan/paribasa nu geus dipikawanoh ku balaréa; (2) pungsi éstétik, dina harti ngudag kaéndahan basa ku jalan ngulinkeun sora mirupa purwakanti nu dipalar jadi pamatri ka nu diajak nyarita.

Mun ditilik tina dua pungsi nu di luhur bieu, éstuning mamanis basa téh miboga harti anu positif. Tapi, loyog kana ngaranna mamanis nu mawa amis mun amis teuing tangtuna matak giung nu aya, teu pamohalan ogé mamanis basa téh miboga harti anu negatif.

Ajip kungsi nuduhkeun, basa keur mesék wawacan Purnama Alam dina bukuna Ngalanglang Kasusastran Sunda (1983), yén dina enggoning néangan purwakanti nu ngaloncrang geusan ngudag kaéndahan basa, para pangarang nu ngaranggit wawacan téh mindeng ninggalkeun logika nu waras nepi ka panataan nu nyampak papalingpang jeung kanyataan. Minangka contona, dina wawacan Rengganis yasana R.H. Abdulsalam anu pada muji purwakantina, lauk anu disebutan dina panataan warna-warna lauk émpang kayaning beunteur, lalawak jeung julung-julung lain lauk nu hirup di émpang, tapi lauk walungan. Pamanggih Ajip, bawirasa, tétéla luyu kana salah sahiji sarat ungkara kalimah nu éféktif.

Tumali perkara kalimah nu éféktif, di sagédéngeun kudu nohonan sarat logika nu merenah, salah sahiji sarat séjénna, nya éta ngagunakeun kecap kalawan teu kaleuleuwihi. Geusan ngudag ungkara kalimah nu éndah ku mamanis basa ngaliwatan kekecapan nu murwakanti, kalan-kalan nu nyarita tigebrus ngagunakeun kecap kalawan kaleuleuwihi. Geura urang ilikan, minangka contona, babasaan ki lanceuk: "Tujuan utama calon mahasiswa mimiti daratang ka Bandung teh seja nungtut elmu nyucruk panemu, nyuprih pangarti ngala kabisa, keur miceun katuna." ["Elmu, Bandung jeung Mahasiswa (dina Paribasa)", Galura Edisi 22/Taun 15 Minggu ka V; Citak dicondongkeun ti nu nulis]. Kekecapan nu dicondongkeun nulisna nu pinuh ku purwakanti téh kabéhanana gé miboga harti nu sarua, nya éta tolab élmu. Disawang tina jihat kalimah éféktif mah nu salah sahiji saratna ngagunakeun kecap kalawan teu kaleuleuwihi, mamanis basa nu dianggé ku ki lanceuk téh miboga harti mamanis basa nu négatif.

Leuwih payus upamana dina babasaan téh urang miheulakeun pungsi komunikatif tinimbang pungsi éstétik. Pungsi komunikatif bisa ditedunan salah sahijina ku jalan nyieun ungkara kalimah nu éféktif. Marga lantaran, sakumaha nu dipedar dina buku Komposisi (1997) yasana Gorys Keraf, kalimah éféktif téh nya éta kalimah nu bisa nepikeun maksud nu nyarita kalawan jéntré ka nu diajak nyarita.

Pakaitna jeung pungsi komunikatif bieu, di luhur geus dicaritakeun yén digunakeunana babasan/paribasa nya éta pikeun leuwih ngajéntrékeun maksud nu rék ditepikeun ku nu nyarita, naha enya digunakeunana babasan/paribasa téh salawasna bisa ngahontal éta udagan? Ceuk kuring mah, henteu salawasna. Ku pajamanan kiwari, nu tangtuna ngalaman parobahan budaya ti mangsa bihari, réa konsép tina hiji kecap dina babandingan nu nyampak dina babasan/paribasa nu geus teu dipikawanoh deui atawa sirikna geus leungit tina hirup kumbuh urang Sunda. Minangka contona, konsép tina kecap daluang, dina babasan/paribasa aya luang tina daluang nu hartina élmu ladang guguru, dina hirup kumbuh urang Sunda ayeuna geus teu pati dipikawanoh alatan daluangna gé ayeuna mah tinggal artepak budaya dina wangun naskah-naskah kuno. Wuri-wuri hayang ngajéntrékeun, ieu mah teu ngarti nu aya da daluang téh naon? Daluang téh nya éta kertas tradisional urang Sunda nu dijieunna tina kulit saéh, sumebarna mangsa saméméh kertas buatan pabrik mahabu diparaké pikeun nulis.

Sigana geus meujeuhna dina enggoning ngudag mamanis basa, urang ulah katalikung teuing nyokot babandingan tina babasan/paribasa nu geus karahaan. Leuwih hadé, upamana, urang nyieun babandingan anyar tina kaayaan pajamanan kiwari. Sugan ku cara kitu, babandingan anyar éta téh ka hareupna baris ngabeungharan khasanah babasan/paribasa Sunda. Tarékah siga kitu téh geus katémbong mimiti dibaladah ku para pangarang entragan anyar, minangka contona, geus dibaladah ku ki lanceuk, Éris Risnandar. Ki lanceuk nu ieu mah dina sawatara tulisanana tingronghéap kekecapan mirupa babandingan (métapor ceuk légégna mah) nu beuneur turta plastis pisan. Dasar cecekelanana bisa dijujut tina pamanggihna ngeunaan basa Sunda dina karya sastra Sunda kontémporér, cenah gé, "Karéréaan karya sastra Sunda kontémporér téh tijalikeuh alatan teu hasil ngawadahan réalitas ku basa nu dipakéna. Kituna mah pantes atuda réalitas Mc. Donald rék kumaha bisana dipaké ngawadahan ari basa nu dipakéna basa Sunda ti nagri Ajrak mah." ("Pangantén: Teu Wani Gélo", Cupumanik Nomer 7/2004).

Cag!

Kampung Rawa, 8 Nopémbér 2005

0 Response to "Mamanis Basa"

Posting Komentar

Jika postingan di atas bermanfaat dan Anda tertarik untuk berbagi perasaan dan pikiran bersama kami, silakan tulis komentar. Terima kasih ;-)