Juru Sawang (Sudut Pandang) dina "Nin"


Carita pondok (carpon) "Nin" yasana Hermawan Aksan mimiti dimuat dina majalah Manglé No. 1895, carpon nu kungsi meunang kasinugrahan jadi Carpon Pinilih Manglé ieu téh laju disabukukeun dina buku Kanagan: Kumpulan Carpon Pinilih Manglé Hadiah Uu Rukmana (2003) babarengan jeung sawatara carpon lianna nu ogé sarua meunang kasinugrahan. Pikeun kapentingan ieu tulisan, sumber data nu digunakeun dumasar kana carpon "Nin" nu dimuat dina éta buku téa.

Dina carpon "Nin" nu jadi puseur lalakonna nya éta tokoh Nin jeung "Kuring" (Akang), "Kuring" jeung Nin teh minangka salaki-pamajikan nu salila tujuh taun bobogohan nepi ka jadi ngarangkepna taya pisan halangan-harungan dina enggoning maheut-manteungkeun tali asih di antara maranéhanana, éstuning lulus banglus siga naék mobil di jalan tol. Kari-kari ayeuna, basa parahu rumah tangga di antara maranéhna geus ngangkleung asup bulan kaopat turta Nin téh remen utah-utahan alatan geus ngandeg, Nin boga paménta nu ceuk anggapan "Kuring" mah teu ka tepi ku akal sanajan éta téh perbawa orok nu keur dikandung: Nin hayangeun "Kuring" boga kabogoh deui, Nin hayang ngarasakeun kumaha rasana dipangnyéléwérkeun ku nu jadi salakina, hayang ngasaan kumaha rasana timburu. Tungtungna "Kuring" téh éléh déét, paménta Nin nu teu ilahar siga kitu téh antukna ditedunan ogé bakating ku nyaah ka nu jadi pamajikan jeung ka si utun-inji nu keur dikandung.

Juru  sawang (sudut pandang),  point of view  mangrupa cara atawa sawangan nu digunakeun ku pangarang minangka cukang pikeun ngébréhkeun tokoh, tindakan, latar jeung sawatara peristiwa nu ngawangun carita dina hiji karya fiksi ka nu maca (Abrams dina Burhan Nurgiyantoro, 2002:248).

Aya sawatara istilah nu sarua hartina atawa sed saeutik beda hartina jeung istilah juru sawang (sudut pandang). Dihandap dipérélékeun sababaraha istilah nu aya pakuat-pakaitna jeung istilah juru sawang (sudut pandang) ti sawatara ahli sastra. Juru sawang (sudut pandang) sigana bisa disaruakeun hartina, samalah leuwih ngécéskeun, jeung istilah pusat pengisahan, focus of narration (Stevick dina Nurgiyantoro, 2002: 248-249). Genette (dina Nurgiyantoro, 2002:249} méré istilah pokalisasi (fokalisasi), focalitation, nu leuwih deukeut pakaitna jeung pengisahan. Pouillon jeung Todorov (dina Nurgiyantoro, 2002:249) ngagunakeun istilah visi, vission nu dibédakeun kana tilu wanda: vission from behind, vission with jeung vission from without, nu tiluanana bisa dihartikeun panyatur (narator) leuwih nyaho tibatan tokoh, panyatur (narator) sarua nyahona jeung tokoh, jeung panyatur (narator) kurang nyaho tibatan tokoh. Lubbock (dina Nurgiyantoro, 2002:249) maké istilah juru sawang (sudut pundang), point of view, ari Blin (dina Nurgiyantoro, 2002:249) maké istilah field. Boh juru sawangna Lubbock boh field-na Blin duanana sarua hartina jeung vission with-na Pouillon jeung Todorov (Nurgiyantoro, 2002:249).

Juru sawang dina karya fiksi masualkeun: saha nu nyaritakeun, atawa ti lebah mana (saha) peristiwa jeung tindakan éta teh diténjo (Nurgiyantoro, 2002:246). Juru sawang ku manéh dina gurat badagna mah dibédakeun kana dua jinis: jalma kahiji (persona pertama}, first-person, gaya "kuring", jeung jalma katilu (persona ketiga) third-person, gaya "manéhna" (Nurgiyantoro, 2002:249).

Dina milih jinis jalma (persona) nu digunakeun, di sagédéngeun mangaruhan kana mangkakna carita jeung masalah nu dicaritakeun, ogé bakal mangaruhan kana kabébasan jeung katanwatesanan, kaseukeutan, katalitian, jeung ka-objektif-an kana naon waé nu dicaritakeun (Nurgiyantoro, 246-247). Leuwih jauh Nurgiyantoro (2002:246) nandeskeun yén ku urang dina milihna salah sahiji jinis juru sawang bakal aya pangaruhna kana réngkolna éta carita. Mun seug nu ngarang hayang nyaritakeun sawatara peristiwa fisik, aksi, nu sipatna di luar jeung bisa katénjo, tapi ogé hayang nyaritakeun lelembutan nu mangrupa réngkolna pikiran jeung rarasaan, sawatara tokoh sakaligus dina hiji novel, ngeunaan éta sigana bakal leuwih cocog mun maké juru sawang jalma katilu, hususna nu sipatna maha tahu. Sabalikna, mun nu ngarang hayang ngagambarkeun sisi kahirupan lelembutan manusa nu pangjerona jeung pangrusiahna, ngeunaan ieu sigana bakal leuwih neunggeul mun ngagunakeun juru sawang jalma kahiji. Tapi, minangka konsékuénsina, ku sabab si "kuring" téh jadi palaku sakaligus ngan saukur pengamat kejadian jeung jalma séjén di luareun manéhna, pangarang bakal pamohalan mun seug ngagambarkeun peristiwa batin tokoh séjén salian ti si "kuring" (Nurgiyantoro, 2002:251-252). Reaksi afektif nu maca kana hiji karya fiksi ogé dina enas-enasna mah bakal kapangaruhan ku wangun juru sawang (Nurgiyantoro, 2002:246).

Juru sawang minangka salah sahiji élémén dina karya sastra, sakumaha parokna jeung élémén-élémén séjén, moal leupas tina nu ngaranna penyimpangan jeung pembaharuan. Penyimpangan (nu moal pamohalan miboga harti: pembaharuan) dina juru sawang bisa ditilik tina jihat pasualan jalma kahiji atawa katilu. Di sagédéngeun éta, ogé bisa disalisik tina saha tokoh "manehna" atawa "kuring" téh, saha nu nyaritakeunana, naha budak, jalma sawawa, urang kampung nu teu nyaho nanaon, manusa modéren, politikus, budak sakola, alawa nu séjénna (Nurgiyantoro, 2002:252-253). Leuwih jauh Nurgiyantoro (2002:254) nandeskeun ku naon pangna nu ngarang kalahka milih juru sawang maké tokoh nu teu ilahar? Ngeunaan éta, di sagédéngeun néangan épék husus, pangarang ogé hayang nénjo jeung ngawakcakeun hiji hal tina diménsi nu béda, diménsi nu teu pamohalan tacan dibaladah ku nu séjén.

Nurgiyantoro dina buku Teori Pengkjian Fiksi (2002) dina ngabéda-bédakeunana juru sawang dumasar kana bébédaan nu geus ilahar dipaké ku nu séjén, nya éta wangun jalma tokoh (persona tokoh) carita: jalma katilu (persona katilu) jeung jalma kahiji ( persona pertama).

Pengisahan  carita nu ngagunakeun juru sawang jalma katilu, wanda "manéhna", panyatur nya éta hiji jalma nu aya di luareun carita nu mintonkeun tokoh-tokoh carita kalawan nyebut ngaran, atawa kata ganti-na, manéhna, anjeunna, maranéhanana.

Juru sawang "manehna" bisa dibédakeun kana dua jinis dumasar undak kabébasan jeung kaiketna pangarang kana pakeun caritana. Di hiji pihak pangarang, panyatur bisa bébas nyaritakeun sagala rupa nu aya hubunganana jeung tokoh "manéhna", jadi miboga sipat maha tahu (sagala nyaho), di pihak séjén manéhna kaiket, kawatesanan kanyaho ka tokoh "manéhna" nu dicaritakeunana téa, jadi miboga sipat kawates, ngan saukur pengamat wungkul.

Dina juru sawang jalma katilu sagala nyaho, ceuk Abrams (Nurgiyantoro, 2002:258) mah, manéhna sagala nyaho ngeunaan tokoh, peristiwa, jeung tindakan, ngawengku motipasi nu ngalantarankeunana. Manéhna laluasa bagerak jeung nyaritakeun naon waé dina kurung waktu jeung tempat carita, pipindahan tina tokoh "manéhna" nu hiji ka "manehna" nu séjén, nyaritakeun atawa sabalikna nyumputkeun ucapan jeung tindakan tokoh, samalah nu ngan mangrupa pikiran, rarasaan, sawangan, jeung motipasi tokoh kalawan jéntré sakumaha ucapan jeung tindakan nu nyata.

Ari juru sawang "manéhan" kawates, ceuk Stanton (Nurgiyantoro, 2002:259) mah, sakumaha ilaharna dina "manéhna" sagala nyaho, pangarang ngagambarkeun naon waé nu diténjo, didéngé, kalaman, dipikir jeuug dirasakeun ku tokoh carita, ngan kawatesanan wungkul ku hiji tokoh, atawa ceuk Abrams (Nurgiyantoro, 2002:259) man kawatesanan dina jumlah nu kawates pisan.

Ayeuna, kumaha ari juru sawang jalma kahiji: "kuririg"? Dina pengisahan carita nu ngagunakeun juru sawang jalma kahiji, first-person point of view, "kuring", jadi: wanda "kuring", panyatur nya éta hiji jalma nu milu ancrub dina carita. Manéhna nya éta si "kuring" tokoh nu ngadongéng, ngadongéngkeun kesadaran manehna ku anjeun, self-consciousness, ngadongéngkeun peristiwa jeung tindakan, nu kanyahoan, katénjo, kadéngé, kaalaman, jeung nu karasa, sarta polahna ka jalma (tokoh) séjén ka nu maca.

Juru sawang jalma kahiji bisa dibédakeun kana dua jinis dumasar kana peran jeung kedudukan si "kuring" dina carita. Si "kuring" bisa waé jadi nu boga lalakon (peran utama), jadi tokoh utama protagonis, atawa bisa waé ngan saukur jadi peran tambahan, jadi tokoh tambahan protagonis, atawa ngan saukur jadi saksi.

Dina juru sawang jalma kahiji "kuring" nu boga lalakon (tokoh utama), si "kuring" ngadongéngkeun ngeunaan naon waé peristiwa jeung paripolah nu kaalaman, boh nu sipatna lelembutan, dina jero diri ku manéh, atawa ogé pisik, hubunganana jeung sagala rupa nu aya di luareunana.

Ari dina juru sawang jalma kahiji "kuring" tokoh tambahan, tokoh "kuring" ngajanggélék pikeun mawakeun carita ka nu maca, ari tokoh carita nu didongéngkeun éta téh laju "dilurjeunkeun" pikeun ngadongéngkeun manéh sagala rupa pangalamanana. Tokoh carita nu dilurjeunkeun ngadongéng manéh éta pisan nu engkéna bakal jadi nu boga lalakon (tokoh utama), sabab manéhna pisan nu leuwih réa ngajanggélék, mawakeun naon waé peristiwa, tindakan, jeung aya hubungan jeung tokoh-tokoh séjén. Sanggeus carita nu boga lalakon (tokoh utama) lekasan, si "kuring" tambahan ngajanggélék deui, nya manéhna pisan nu ayeuna ngadongéng.

Carpon "Nin" yasana Hermawan Aksan dina lebah juru sawang (sudut pandang) maké juru sawang jalma kahiji (persona pertama) "kuring" nu boga lalakon (tokoh utama). Ngeunaan kacindekan éta, aya sawatara panginditan nu bisa dipaké dadasar dina nangtukeunana. Salah sahijina nya éta dipakéna kecap "kuring" dina téks nu lain mangrupa dialog, tapi basa lancaran. Di handap dicutat saalinea nu némbongkeun dipakéna kecap "kuring".

"Tujuh taun bobogohan téh, ti saprak sakola kénéh. Tuluy kawin basa geus pada-pada sarjana, tur kuring geus boga gawé nu merenah. Nin mah tara réa nyarita, tapi karasa kasatiaanana dina mangsa tujuh taun bobogohan téh. Peuting kahiji kuring haréwos [sic!]: Nin geulis pisan jiga Rara Ireng putri Basudéwa téa. Manéhna ukur imut bari merebey cipanon." (Kanagan, 2003:426. Citak kandel ti nu nulis).

Pikeun nangtukeun naha juru sawang jalma kahiji dina carpon "Nin" téh kaasup juru sawang jalma kahiji nu boga lalakon (tokoh utama) atawa juru sawang jalma kahiji tokoh tambahan, dina lebah dieu sigana leuwih payus mun nilik deui kana téorina Burhan Nurgiyantoro (2002:263): Dina juru sawang jalma kahiji "kuring" nu boga lalakon (tokoh utama), si "kuring" ngadongéngkeun ngeunaan naon waé peristiwa jeung paripolah nu kaalaman, boh nu sipatna lelembutan, dina jero diri ku manéh, atawa ogé pisik, hubunganana jeung sagala rupa nu aya di luareunana.

Dina teori di luhur aya nu perlu digurat kandel minangka cecekelan pikeun nangtukeunana, nya eta si "kuring" ngadongéngkeun peristiwa jeung paripolah nu kaalaman, boh nu sipatna lelembutan atawa ogé pisik. Di handap dicutat sawatara teks nu némbongkeun peristiwa jeung paripolah nu sipatna boh lelembutan atawa ogé pisik nu kaalaman ku tokoh "kuring".

1.    Peristiwa jeung paripolah nu sipatna lelembutan
"Ah, saha nu nyaho lain keur nyiram ieu mah, tapi aya pihak séjén nu mangaruhan, anu keur ngarékayasa, upamana baé tujuanana ngajegal karir kuring di kantor." (Kanagan, 2003:426-427).
Dina teks di luhur ngagambarkeun peristiwa jeung paripolah nu lumangsung dina lelembutan ngeunaan kacangcaya tokoh "kuring" kana paménta Nin nu teu ilahar.

2.    Peristiwa jeung paripolah nu sipatna pisik
"Keukeupan beuli [sic!] geugeut. Leungeun ngusapan tonggongna. Biwir ngusapan biwirna.
Ngan karasa tiis kawas kuéh tina kulkas.
Béda pisan jeung biwir Lis nu kawas kuéh donat anyar diangkat." (Kanagan, 2003:431).

Dina téks nu dicutat di luhur lumangsungna peristiwa jeung paripolah kalawan nu sipatna pisik, kumaha tokoh "kuring" ngarerema Nin nu tutas ceurik alatan muncunghulna rasa timburu jeung cangcaya kana nu dipigawé ku tokoh "kuring".

0 Response to "Juru Sawang (Sudut Pandang) dina "Nin""

Posting Komentar

Jika postingan di atas bermanfaat dan Anda tertarik untuk berbagi perasaan dan pikiran bersama kami, silakan tulis komentar. Terima kasih ;-)