Sanggeus nengetan kalawan gemet, dibaca digulang-gapér, Péngkolan Jalan Laksana—hiji carita misteri yasana Johara Atmaniskala nu dimuat dina Manglé No. 2022 dina rubrik "Puriding Puringkak: Carita Misteri"—lain baé mawa carita teu laksanana Kang Cépy ngarangkep ka Néng Rina, tapi ogé mawa béja teu laksanana éta carita dina nedunan horison harepan nu macana.
Sakuringeun, minangka nu maca éta carita, saméméh neuleuman leuwih teleb nu rék ditepikeun ku nu ngarang ngaliwatan caritana, geus jadi kacapangan sok ngawangwang heula sarupaning naon waé nu baris katampa engké sajeroning maca éta carita. Laju, naon atuh nu kawangwang harita saméméh prung maca sagemblengna? Dumasar kana iber nu nyampak dina ngaran rubrik nu ngamuat éta carita, geus kajudi ti anggalna kénéh yén carita nu baris ditepikeun téh kakolomkeun kana wanda carita misteri. Ngeunaan wates-wangen carita misteri, pikeun kapentingan ieu tulisan, saheulaaneun mah urang watesan nya éta carita nu sahenteuna matak urang ngarasa keueung nu geus sidik béda jeung kéom. Bawirasa, ilahar pisan mun seug nu kawangwang jeung/atawa nu dipiharep ku kuring nyaéta carita nu pikakeueungeun lain carita nu tungtungna pikaseurieun.
Lebah nimbang taraju ajén hiji karangan winangun fiksi (: carpon), merenah pisan upamana urang mernahkan ajén éta karangan téh dina wandana ku manéh. Teu luyu pisan sigana, minangka conto, mun urang meunteun hiji karangan nu miboga kahayang ngawangun kaayaan nu pikakeueungeun (: carita misteri) matak muriding bulu punduk maké ugeran ajén karangan nu miboga kahayang ngawangun kaayaan nu pikaseurieun (: carita banyol) matak teu kuat hayang utah.
Ninggang pisan lebah dieu mah kekecapan C.A. Watson téh basa keur mesék Cermin Merah-na N. Riantiarno sawatara bulan katompérnakeun di CCF Bandung. Inyana nétélakeun yén kailaharan di urang lebah nangtukeun ajén hiji karya téh baku ari geus maké ugeran nu sarua. Ilaharna hiji karya winangun fiksi ditimbangna téh ku miboga henteuna ajén sastra anu linuhung. Mun kitu petana, Watson ngébréhkeun nalika urang meunteun hiji karya pop (kayaning Teenlit, Chicklit) maké ajén sastra anu linuhung téa, nya palias ajén nu nyampak dina éta karya moal kapanggih sing kalah kumaha ogé. Kuduna mah, ceuk Watson kénéh, nalika urang meunteun hiji karya pop, nya pernahkeun éta hiji karangan téh sakumaha nu dipikahayang ku éta karangan.
Alus henteuna hiji karangan, dina enas-enasna mah, nya éta nepi henteuna eta karya ngahontal anu sakumaha dipikahayangna. Nya ieu pisan nu mindeng kaluli-luli ku nu sok pirajeunan méré ajén kana hiji karangan. Pikeun ngukur naha éta karangan téh nepi atawa henteu dina ngahontal sakumaha nu dipikahayangna, bisa katitén tina sawatara jihat nu nyampak dina éta karangan. Nya dumasar éta pisan nu jadi cukang panginditan pikeun nangtukeun ajén ieu karangan.
Saméméh medar perkara ajén-inajén ieu karangan, sawadina dipérélékeun heula—sanajan henteu sacéréléwéna—eusi carita Péngkolan Jalan Laksana. Nu boga lalakon dina ieu carita téh nya éta Néng Rina jeung Kang Cépy. Minangka juru sawangna (point of view/sudut pandang) nya éta maké juru sawang jalma katilu sarwa nyaho (persona III omniscient). Nya ngaliwatan panyatur (narator) ieu pisan urang diajak nyawang kumaha gékgékanana ieu carita: kumaha galeuh-galeuhna nu keur karandapan ku Neng Rina, kumaha kaayaan nu (sakuduna) pikakeueungeun di Péngkolan Jalan Laksana, kumaha jalan caritana, jeung sapuratina lain ti éta.
Minangka bubuka, dimimitian ku nataan kaayaan di péngkolan Jalan Laksana: di éta jalan mindeng kajadian kacilakaan. Laju carita mangkat kana cilakana Neng Rina jeung Cép Uga, tunanganana, basa keur tumpak motor lebah Péngkolan Jalan Laksana: Neng Rina meunang dua minggu dirawat di rumah sakit, Cép Uga mah teu katulungan pisan, maot di tempat kajadian. Carita ditéma ku kaayaan Neng Rina: muyung, gering nangtung ngalanglayung, kaleleban ku beubeureuhna meunang sawatara lilana. Sanggeus bérés saratus poéna Cép Uga, Wa Dian mindeng mawa jajaka ka imah Néng Rina: susuganan kamanah ku suanna. Tarékah Uwana téh pamustunganana mah tinekanan ogé: Néng Rina léah, jajaka nu kabiruyungan, kapeto ku Néng Rina téh Kang Cépy.
Gurat badag carita nu ditataan di luhur saenyana mah can nepi kana puseur ieu carita. Mun dipapandékeun kana carita pantun mah, gurat badag carita nu ditataan di luhur téh minangka manggala sastra pikeun mawa nu maca kana kaayaan nu kudu karandapan ku Kang Cépy salila bobogohan jeung Néng Rina: mun pareng unggal malem minggu nganjang ka bébéna, lebah péngkolan Jalan Laksana, motor nu keur dipaju ku Kang Cépy ngadadak mugen teu daék maju. Nya kaayaan éta pisan nu (sakuduna bisa leuwih) ngahudang carita misteri dina ieu carita. Panungtungan ieu carita dipungkas ku: Kang Cépy ngarasa kapok. Bangbaungeun. Teu daék deui datang ka imah Néng Rina.
Saenyana ieu carita téh geus ti anggalna kénéh mawa nu macana kana kaayaan nu pikakeueungeun ngaliwatan panataan kaayaan péngkolan Jalan Laksana ku panyatur dina ieu carita, balukarna, nu maca geus taki-taki pikeun nyanghareupan téror misteri dina ieu carita nu (kuduna) bakal tumiba. Ngan hanjakalna, téror misteri nu dianti-anti téh teu kaur muncunghul waé. Teu ngabibisani, aya éta ogé hiji-dua panataan nu sed saeutik ngahudang hawa keueung dina ieu carita, éta gé kakara aya dina lebah puseurna carita. Tapi, panataan nu samodél kitu téh teu kebat dikobét kalawan anteb jeung deuih nu ngarangna siga nu geus béakeun polah pikeun néangan adegan séjén nu baris ngahudang téror misteri téa.
Cara dina ngagambarkeun kaayaan nu keur karandapan ku Kang Cépy 'na lebah Péngkolan Jalan Laksana waktu manéhna rék apél nepungan bébénéna. Adegan motorna nu ngadadak mogok dina lebah péngkolan Jalan Laksana dina ieu carita minangka hiji-hijina cukang pikeun ngawangun kumaha geueumeunana éta tempat. Parnana deuih, gambaran kaayaan nu diébréhkeun ku nu ngarang ngaliwatan panyatur dina ieu carita, bawirasa teu atawa kurang ngawangun hawa nu diharudum pinuh ku kakeueung. Pangarang balas cukup ku ngawangun cacaritaan (narasi) ngaliwatan panyaturna siga kieu: "Kira-kira saratus meter deui nepi ka pengkolan Jalan Laksana, Kang Cepy ngarasa kaget lantaran bulu pundukna ngadadak muringkak." (k. 7; klm. 2). Cindekna mah, nu ngarang teu nepi (teu wasa?) neuleuman leuwih jero dina cara ngagambarkeun kaayaan nu samistina nyampak kalawan anteb ka nu macana.
Sigana nepi ka kituna téh aya sabab nu jadi marga lantaranana. Nu katilik saheulaaneun ku naon pangna gambaran kaayaan 'na lebah péngkolan Jalan Laksana teu jucung ngawangun kaayaan nu pinuh ku téror misteri nya éta, carita ieu teu merenah dina lebah juru sawangna. Nya juru sawang ieu pisan minangka hiji jihat nu nyampak dina ieu carita nu baris mawa pangaruh gedé kana laksana henteuna ieu carita ngahontal anu sakumaha dipikahayangna: carita misteri nu pinuh téror ku rasa keueung. Juru sawang ceuk Stanton dina Burhan Nurgiantoro (Teori Pengkajian Fiksi, 2001) mah miboga pungsi apéktip ka nu macana. Pungsi apéktip téh nyaéta pungsi nu gedé leutikna bakal mangaruhan nu maca kana hiji carita. Lebah dieu, juru sawang nu baris digunakeun téh kudu luyu jeung eusi atawa kahayang éta carita nu dipalar éta carita téh laksana ngahontal kahayangna.
Pikeun ngébréhkeun nu keur karandapan ku Kang Cépy 'na lebah péngkolan Jalan Laksana, payus pisan upamana juru sawangna maké juru sawang jalma ka haji. Payatur 'na lebah dieu nya Kang Cépy pisan anu nyaho sagala rupa nu keur karandapan harita. Jadi gambaran kaayaan 'na lebah péngkolan Jalan Laksana téa dipalar leuwih anteb gambaranana dan nu nyaritakeunana gé inyana sorangan lain tina juru sawang jalma katilu, sanajan juru sawang jalma katilu téh nu sarwa nyaho. Sugan ku jalan maké juru sawang jalma ka hiji mah, nu ngarang leuwih laluasa pikeun nyieun téror misteri dina caritana.
Minangka pamungkas dina ieu tulisan, di sagédéngeun sawangan sakatimuna nu geus ditembrakkeun di luhur, di handap dicutat cacaritaan si panyatur siga kieu, "Ngan teuing saha nu ngamimitian, éta jalan téh bet tuluy robah ngaran, jadi 'Jalan Teu Laksana'!" (k. 7; klm. 4). Dadak sakala sanggeus maca cacaritaan di luhur, nu tadina nganti-nganti téror misteri nu teu kaur nyugemakeun, pamustunganana kalahka bati kéom teu kuat maca cacaritaan nu sari-sari rék ngabodor éta. Atuda, Jalan Laksana disalénggorkeun jadi Jalan Teu Laksana. Cag!
0 Response to "Péngkolan Jalan Laksana Mindo Teu Laksana"
Posting Komentar
Jika postingan di atas bermanfaat dan Anda tertarik untuk berbagi perasaan dan pikiran bersama kami, silakan tulis komentar. Terima kasih ;-)