Nu Anteng Hareupeun Eunteung Monitor


Tengah poé éréng-éréngan, hawa di jero ngelekeb bayeungyang teu kalis ku dipasang kipas angin. Mun lain waktuna jaga mah, geus balik ka kontrakan ti tatadi gé ngareureuhkeun kacapé balas mentrang papanasan nikreuh ti kampus. Ongkoh deuih aya keutikeun nu can réngsé peuting tadi, angkeuhan téh éngké wé isuk dituluykeun deui. Nya poé ieu pisan ketikan téh rék di cokotna, jam tilu pas sakumaha nu katulis dina kertas aplikasi type writing order. Boga kénéh waktu ari kitu mah kurang leuwih dua jam deui. Waktu nu samporét pikeun nganggeuskeun ketikan, tapi waktu nu laluasa pikeun ngimpleng deui manéhna.

"Mas..., bisa tolongin ini dong" cék hiji sora ti tukang semu ogo nyalukan kuring, payusna mah awéwé éta téh. Wayahna ketikan nu keur dihanca téh diécagkeun heula. Sing inget utamakeun heula konsumén ulah katungkulkeun teuing ku ngudag proyékan, kitu nu diwanti-wanti ku dunungan saban évaluasi bulanan. Nya ieu suku téh hideng sorangan nyampeurkeun nu ménta tulung tadi.

"Kumaha Yi..., aya nu tiasa dibantos?" Kitu, kuring ngamimitian muka obrolan salawasna maké basa Sunda jeung angger kudu waé dibarung ku pameunteu nu marahmay sakumaha pamaredih dunungan dina ngalayanan konsumén. Mun nu ditanyana rungah-ringeuh siga awéwé nu di hareupeun, gura-giru kuring nanya deui.

"Gimana De..., ada yang bisa saya bantu?"

"Ini ni mas, gimana sih caranya bikin nomer halaman?" Cék manéhna bangun nu éraeun teu bisa nu kitu-kitu acan.

Kuring surti, da inget kana papatah dunungan yén urang minangka operator kudu mernahkeun manéh handap asor ka konsumén tong adigung luhung élmu. Manéhna nanya kitu mah teu talangké deui ku kuring dibéjaan bari jeung prakna.

"Saya yakin sebenarnya Ade dah bisa, mungkin lupa lagi ya....Gini De, klik insert lalu klik page number. Pilih position-nya mau di atas atau di bawah, juga alignment-nya mau di kanan, tengah, atau kiri. Dah gitu klik format, pilih number format-nya mau angka arab, romawi besar, atau romawi kecil. Klik OK deh. Mudah 'kan?"

"Iya nih..., saya lupa lagi. Ma kasih ya Mas...."

"Kembali kasih...." Témbal kuring bari ngilikan jam dina eunteung monitor di handap beulah katuhu.

Geus satengah dua yeuh, gancang kuring muru ka méja operator rék neruskeun hanca ketikan nu tadi katunda. Ngahaja dipigawéna gé wayah kieu, ngarah laluasa migawéna jeung tadi isuk bisa ka kampus heula nguruskeun niléy. Teu kaganggu teuing ku konsumén wayah kieu mah, maksudna téh henteu réa teuing kaselang ngabantuan konsumén. Ayeuna gé nu keur ngaréntal meni coréngcang pisan katempona téh. Ngan duaan. Nu hiji, awéwé nu bieu, di komputer nomer tujuh tukangeun méja operator. Nu kaduana di komputer nomer lima hareupeun méja operator, lalaki, umurna manjing kana pantar hiji dosén di jurusan nu pamolahna badis béncong.

"Ramuan pengawetan itu terdiri atas formalin, alkohol, phenol, dan glycerine. Selanjutnya, ramuan yang berbentuk cairan itu diinfuskan ke dalam tubuh donatur. Caranya, dengan menyuntikkan jarum ke dalam pembuluh vena...," ké ieu téh 'saphena magna' atawa 'sapnena magna' nya, aksarana teu écés ieu téh lebah /h/ jeung /n/. Sieun salah ketik. Nu kieu meureun nu cék Reynold Wilson mah kasebutna kasus subtitusi dina élmu filologi téh, nya éta kasus salah tulis akibat tina kasalahan nu nyalin (nu ngetik?) marga lantaran wangun aksara atawa éjahaanana nu méh sarua.

Alusna mah alus ieu tulisan téh, kumaha wé karéréaanana tulisan awéwé. Komo atuda nu ieu mah, nu nulisna gé boga tangtungan manjing ka sieup, sieup rupana, nya sieup kuliahna. Mun teu di Kedokteran Umum atawa di Kedokteran Gigi, paling copélna gé di Keperawatan kuliahna téh. Ké geura urang ilikan NPM-na 'na kertas aplikasi type writing order, tuh da enya teu jauh tina sangkaan, nomer NPM nu mimitina tina 'C' mah pastina gé mahasiswi Kedokteran Umum. Pantes wé ari kitu mah tulisan nu keur diketik téh réa istilah-istilah nu teu tuman dina ceuli kuring.

Jadi ieu téh 'saphena magna' atawa 'sapnena magna' nya, ké susuganan aya dina program Linguistik. Klik program Lingustik, ngasupkeun éntri 'saphena' dina pencarian Inggris ka Indonesia, goréhél wé aya éta sakadang kecap téh. Geus jinek mah teu burung dihanca deui ketikan téh, "... saphena magna yang ada di kaki kiri donatur. Cairan infus formalin sebanyak 5 liter tersebut dipindahkan ke dalam tubuh donatur selama 1,5 jam."

"Kang, ari gambar nu di-scan tadi di mana nya disimpenna?" Cék lalaki nu di komputer nomer lima. Keur jongjon tungkul ngetik gé kanjat nyelang heula tanggah nempo ka manéhna nu keur ngagiwir-giwir kertas.

"Gambar nu mana nya, Kang?" Cék kuring malik nanya hayang leuwih jéntré, da rarasaan mah kuring ti tatadi henteu nampanan gambar ti manéhna pikeun di-scan.

"Ieu..., gambar peta Kacamatan Jatinangor." Témbal manéhna bari nempokeun éta gambar peta ka kuring.

Kuring ngahuleng sajongjonan mah, euh bedul téh pagawéan si Gomés éta mah. Cik atuh talatah tadi téh saméméh manéhna indit, mun lalaki nu di komputer nomer lima nanyakeun scan-an, ngaran file-na ieu diteundeun dina folder ieu kituh. Da ieu mah lebeng wé.

"Ké sakedap nya, Kang, urang pilarian heula. Antosan wé di dinya." Cék kuring ti dituna mah ngupahan manéhna sangkan teu kaluman.

"Kang..., file scan-an gambar petana aya dina folder my document, nami file-na 'Jatinangor.jpg'. Kumaha Kang, kapendak?" Cék kuring sanggeus tadi ditéangan ngaliwatan search file and folder.

"Aya..., kapendak. Hatur nuhun." Témbal manéhna bangun nu bungah.

Sukur atuh ari geus kapanggih mah, wayahna ulah akang-akangan waé nya. Puguh gé hayang gancang-gancang bérés yeuh ketikan téh. Geus meunang sabaraha lambar nya, lumayan geuning geus meunang tilu puluh lambar. Nu can diketik téh paling copélna gé kana lima lambareun deui. Jumblah-jambléh aya kana tilu puluh lima lambareun. Geus sidik tah piduiteun téh kana opat puluh tujuh rébu lima ratuseun. Bisa boga sendal nu rada eucreug atuh ayeuna mah.

"Mas..., mau di-print dong."

"Sok aja langsung néng, kertasnya A4 'kan?" Témbal kuring bari angger tungkul kana keyboard.

Hampura néng, lain ngahaja diculkeun. Sok da gampang ieuh tinggal klik file, print, terus di-ok, atawa ctrl+P terus di-ok. Mun teu kagok ku hanca mah néng, teu burung disampeurkeun ka dinya rék dibantuan. Maenya teu bisa nge-print-nge-print acan, mojang nu rancunit tadi peuting gé dibéjaan kitu mah teu kudu ngaduakalian deui nanya geus bisa jeung prakna. Kahayang mah lain saukur nanya manéhna téh, tapi sakalian ménta tulung. Mun manéhna kolu ménta tulung ka kuring mah, moal diengké-engké deui tangtuna gé giak nyampeurkeun ka manéhna tangka réréndéngan. Manéhna anteng diuk na korsi mencrong eunteung monitor, kuring nangtung ngalingling ngadeuleu maling ka manéhna.

"Mas, nge-print-nya udah. Delapan lembar ya."

Peuting harita manéhna aya ku anteng hareupeun eunteung monitor. Ramo-ramona bangun nu geus wanoh pisan kana tuts keyboard, pon kitu deui sabalikna tuts keyboard bangun nu lalindeuk nyampeurkeun ramo-ramo manéhna. Siga nu geus sahaté. Arang langka manéhna mah ngagunakeun mouse, sigana téh haram pikeun manéhna mah mun dina ngetik sakeudeung-sakeudueng kana mouse sakumaha prahna nu sok ngararéntal. Manéhna kitu téh tangtuna gé kungsi kursus heula kumaha carana ngetik maké sapuluh ramo, teu cara kuring ngetik téh maké sabelas ramo kénéh.

"Mas, komputernya dah selesai, jadi berapa semuanya sama yang tadi nge-print?"

"Gimana De, dah selesai ya. Tunggu sebentar ya..." Témbal kuring bari ngalieuk heula ka manéhna. Ketikan nu dihanca tadi teu poho di-save heula, tinggal salambareun deui yeuh.

"Rental komputernya dua jam setengah, dua ribu lima ratus. Nge-print-nya delapan lembar, dua ribu. Jadi totalnya empat ribu lima ratus rupiah." Cék kuring bari leungeun mah teu lésot nyatet-nyatetkeun kana jurnal billing.

"Ini uangnya Mas, ma kasih ya..." Cék manéhna bari diémbohan ku imut nu semu kapaksa. Imut nu saenyana mah dipiharep lain ti manéhna, tapi ti nu peuting nu anteng hareupeun eunteung monitor sanajan imut nu sarua kapaksana.

"Kembali kasih...." Cék kuring sanajan telat némbalanana, manéhna geus nepi 'na lawang panto. Lieuk ka beulah luhureun lawang panto, jam Seiko ngajeblag méré béja yén waktu nu nyésa tinggal saparapat jam deui. Tinggal salambar ieuh, teu burung anggeus engké gé.

Di jero, hawa geus rada rerep maju ka tiris. Kipas angin nu ti tatadi teu weléh muter téh geus mangsana ayeuna mah reureuh heula, karunya katempona téh. Nu ngaréntal tinggal saurang deui, mingkin tiiseun. Tapi moal lila deui gé di jero teu burung ramé, nu ngaréntal, nu nitah pang-scan-keun, nu nitah pang-backup-keun, nu ménta pangetikkeun, atawa nu ménta pangnerjemahkeun. Maranéhanana daratangna téh kasorénakeun, siga nu geus meunang ngatur, siga nu geus jarangjian. Engké soré urang ka réntal anu yu, kitu meureun cék maranéhanana téh. Biasana mun geus kitu, jaga téh tara sorangan deui da sok aya freelance nu ngabaturan sakalian manéhna téh ngadaragoan nu marénta pangetikkeun atawa pangnerjemahkeun.

Teu kudu nepi ka saparapat jam lilana, ketikan nu tinggal salambar deui téh geus anggeus. File-na ku kuring téh diteundeun di dua komputer sakumaha cék paréntah dunungan sangkan teu hariwang mun salah sahijina keuna ku virus. Nu hiji diteundeunna téh di komputer operator, nu kadua mah diteundeunna téh di komputer nomer opat nu aya port USB-na paragi nyolokkeun flashdisk.

Tamba kaluman ngadagoan manéhna nu rék nyokot ketikan, kuring nyetél lagu tina winamp. Lagu kameumeut kuring, lagu India Kal Ho Na Ho. Manéhna resepeun henteu nya lagu India, henteu pastina gé. Pédah wé basa peuting diheureuyan resep henteuna manéhna kana lagu India, manéhna téh kalah angger anteng hareupeun eunteung monitor. Teu ngalieuk-lieuk acan. Atawa teu ngartieun kitu pédah ngaheureuyanana maké basa Sunda, ah tangtuna gé ngartieun da cék kuring mah manéhna téh urang Sunda. Ilikan wé tina ngaranna: Tinawati Pramurniati. Ngaran nu samodél kitu mah kapan ngaran nu deukeut-deukeut kana létah urang Sunda.

Nu digaoan can kénéh waé datang. Haté kumejot hayang geura-geura jonghok, hayang geura-geura meunang imut nu leleb. Mun peuting harita manéhna poho teu méré imut ka kuring basa ménta pangetikkeun, ku kuring dihampura da apal manéhna téh bangun nu geus teu parurun kitu. Katempona téh hayang geura gancang-gancang muru ka enggon ngareureuhkeun kacapé balas diuk mangjam-jam anteng hareupeun eunteung monitor. Ayeuna mah manéhna gé pasti inget. Lian ti manéhna kudu mayar sakitu puluh rébueun, manéhna kudu méré imut nu panglucuna minangka émbohna ka kuring nu geus daék narima ketikan peuting-peuting.

Nu rék ngararéntal geus mimiti daratang, freelance gé geus aya saurang nu ngabaturan. Di jero réntal ayeuna mah geus mimiti haneuteun teu combrék teuing kawas tadi, tapi di sajeroeun dada aya ku simpé bangun nu ngayun ngambing ati nganti manéhna. Seiko nu ngajeblag 'na luhureun lawang panto, jarum-jarum jamna badis ajal nu ngukuntit kuring sangkan ulah panggih deui jeung manéhna. Saparapat jam deui waktuna jaga geus béak, engké jam genep baris ganti shift. Naha rék didagoan waé nepi ka datangna, naha teu kapok ku geus sababaraha kali wawanianan ngumbar sawangan nu éndah-éndah. Tong wawanianan ngaharepkeun yén dina hiji mangsa pasti pinanggih jeung awéwé nu baris méré imut nu panglucuna, imut nu henteu kapaksa. Sing sadar itu konsumén, urang operator, pamohalan bisa laksana.

"Heueuh, aing kudu balik ayeuna kénéh!"

"Jig wé, da geus waktuna ieuh." Cék si Cubék ti tukangeun, teu kanyahoan ti mana holna. Enya geus waktuna kuring balik, geus jam genep!

In Memoriam Galerry Computer, 22 Agustus 2006

0 Response to "Nu Anteng Hareupeun Eunteung Monitor"

Posting Komentar

Jika postingan di atas bermanfaat dan Anda tertarik untuk berbagi perasaan dan pikiran bersama kami, silakan tulis komentar. Terima kasih ;-)