Jampé, Asihan, & Jangjawokan ti Nanjung Jaya


Jampé Mandi
Cur mancur dzat cahaya
Tunggul hurip tangkal hurip
Hurip awak aing

Asihan
Asihan aing Si Leugeut Teureup
Ti teuteul ti amburateul
Mangka eunteup mangka asih
Asih ka awak aing

Data Informan
Nama : Bpk. Ikin
Umur : 56 tahun
Alamat : Desa Nanjung Jaya Kec. Kersamanah Kab. Garut Rt/Rw 02/04
Pekerjaan : Ketua RT, Petani

Jangjawokan Angkat-angkatan Murangkalih

1
Nini koronyok kosong
Aki koronyok kosong
Mangosongkeun jalan aing
Ulah kosong-kosong teuing
Eusina sukma jeung bayu

2
Nini juwal-jawil
Aki juwal-jawil
Ulah ngajawil suku aing
Ngajawil gé heunceut Anjing

Data Informan
Nama : Ibu Aisyah
Umur : 54 tahun
Alamat : Desa Nanjung Jaya Kec. Kersamanah Kab. Garut
Pekerjaan : Guru MI

Jampé Ibak
Niat isun adus
Ing talaga enur
Adusan badan rohani
Roh madep maring Alloh
Laillahaillolloh Muhammadarrosullulloh

Jampé Bobo
Dug turu gulingan jati
Badan turu ati tanghi
Nyawa muji angen éling
Roh madep ka Alloh
Tutulak bayu tutulak
Tulak sungsang tutunjangan
Tulak tanggul sisirahan
Istan saparan-paran

Data Informan
Nama : Kang Dédén
Umur : 32 tahun
Alamat : Desa Nanjung Jaya Kec. Kersamanah Kab. Garut Rt/Rw 02/04
Pekerjaan : Guru MI

0 Response to "Jampé, Asihan, & Jangjawokan ti Nanjung Jaya"

Posting Komentar

Jika postingan di atas bermanfaat dan Anda tertarik untuk berbagi perasaan dan pikiran bersama kami, silakan tulis komentar. Terima kasih ;-)