Citakan I, 2002; 14,5 x 21 cm; 144 kaca
Medalna buku kumpulan carita pondok, ilaharna sanggeus karya-karya pangarangna téa nungtut dimuat dina majalah atawa surat kabar. Mun téa mah rék dibukukeun, tangtuna sanggeus dipilihan téh sawadina disusun heula sangkan puguh jengglénganana. Dukun Lepus (2002), kumpulan carpon anumertana Ahmad Bakri wedalan Kiblat Buku Utama, sanajan geus dijéntrékeun dina panganteurna, cenah, “Dina ieu buku dimuat carita-carita pondok Ahmad Bakri anu dipilihan tina anu kungsi dimuat dina majalah Manglé, Handjuang, jeung Pélét” (k. 11, citak kandel ti nunulis), keukeuh rék dinaha-naha. Naha atuh sanggeus dipilihan téh henteu sakalian disusun ku anjeun? Da jeung enyana atuh, buku nu cenah mutiara titilar pangarang Sunda favorit ieu téh teu disusun, bacacar sarosopan baé.
Saenyana ieu buku nu ngurung 41 carpon téh, nya éta "Ngalongok Munding", "Bedug ti Nagri Ajrak", "Sapi Pelén", "Dirawu Kélong", "Seserahan", "Juag Téja", "Lebaran Poé Jumaah", "Sanés Maling", "Miceum Balas", "Leuwi Ronggéng", "Indén Bajigur", "Samping Panyeumpal", "Bangkarak", "Anjing-Anjing Nica", "Nu Katunda di Manonjaya", "Dokumén", "Jalan Satapak di Kebon Awi", "Seuweu Pajajaran Siwi Gunungjati", "Gara-Gara Si Jelug", "Dukun Lepus", "Pista", "Indung Si Enén Gering", "Lini", "Nurustunjung", "Bonéka", "Pangantén Tunda", "Copét", "Koper", "Budak Buncir", "Ngipri", "Dédété", "Neuteuli", "Élodan", "Téang na Hanjuang Siang", "Mim Pitu", "Kuntung Gudang Garam", "Mubaligoh", "Di Geusan Ngiuhan", "Minantu", "Kabeureuyan", jeung "Cangkurileung jeung Caladi", saheulaaneun mah disusun kalawan basajan waé. Sahenteuna aya tilu padika nu basajan dina nyusun buku kumpulan carpon nu meunang milihan tina sawatara majalah atawa surat kabar. Padika kahiji, nya éta disusun kalawan alpabétis; padika kadua, nya éta disusun numutkeun titimangsa mimiti dimuatna (kronologis); padika katilu, nya éta disusun kalawan nyoko kana sumber mimiti dimuatna.
Hanjakalna unggal carpon nu dimuat dina ieu buku henteu disebutkeun titimangsa mimiti dimuatna. Mun terang mah éta téh perlu pisan pikeun nu maca sangkan bisa ngalenyepan unggal carpon nu kapidangkeun ti mangsa ka mangsa. Hanjakalna deui, andapon Ajip Rosidi dina panganteurna nyebutkeun sumber mimiti dimuatna, henteu ieuh kalawan gembleng nyebutkeun sabara-sabarahana. Sabaraha hiji carpon nu tina Manglé, sabaraha hiji carpon nu tina Handjuang, jeung sabaraha hiji carpon nu tina Pélét?
Munasabah mun nu milihan jeung nu méré panganteur (éditorna kitu?) pikeun ieu buku henteu iasaeun nyusun buku maké padika nu kadua jeung nu katilu, da teu jinek iraha titimangsana jeung sabaraha-sabarahana unggal carpon nu dipilihan tina sumber nu nyampak. Bawirasa kaharti kénéh ana kitu mah, ngan teungteuingeun wé nepi ka teu disusun-susun acan maké padika nu kahiji mah. Kuduna mah mun disusun kalawan alpabétis, susunanana lain dimimitian ku carpon "Ngalongok Munding" nu dipungkas ku carpon "Cangkurileung jeung Caladi", tapi dimimitian ku carpon "Anjing-Anjing Nica" (k. 163-171, carpon ka-14) nu dipungkas ku carpon "Téang na Hanjuang Siang" (k. 371-379, carpon ka-34).
Ajip Rosidi dina panganteurna nu dijudulan ku anjeun "Ahmad Bakri jeung 'Jaman Normal'", saenyana geus némbongkeun tatapakan inya pikeun nyusun ieu buku. Ngan nya kitu téa, euweuh lajuning lakuna. Antukna tatapakan nu nyampak ngan semet pedaran wungkul kana sawatara carpon nu kapidangkeun. Mun ieu buku laju disusun dumasar kana tatapakan nu geus dijieun, sigana aya sababaraha piliheun nu leuwih payus dina nyusunna sakumaha nu katitén dina pedaranana. Disusun kalawan maké ugeran latar caritana, disusun numutkeun téma caritana (tématis), jeung disusun kalawan nyokot kana papasingan carpon nu mangrupa kritik, panineungan, jeung carita mistéri.
Upama disusun kalawan maké ugeran latar caritana, carpon-carpon nu aya dina ieu buku bisa dibagi kana dua bagian nu gedé dumasar kana latar tempat jeung latar waktu. Dumasar kana latar tempat, bagian kahiji nya éta carpon-carpon nu nyokot latar kahirupan di pilemburan jeung bagian kadua nya éta carpon-carpon nu nyokot latar kahirupan kota. Dumasar kana latar waktu, bagian kahiji nya éta carpon-carpon nu lumangsung dina “jaman normal” jeung bagian kadua nya éta carpon-carpon nu lumangsung dina jaman kiwari.
Saméméh ngabagi-bagi carpon dumasar kana latar tempatna, aya nu kudu dipadungdengkeun heula ngeunaan wangenan kota jeung lembur. Ajip dina tulisanana henteu nétélakeun naon nu disebut kota jeung naon nu disebut lembur pikeun kapentingan pedaranana kana unggal carpon. Wangenan ngeunaan kota jeung lembur téh perlu pisan pikeun nangtukeun carpon mana waé nu kagolongkeun kana carpon nu nyaritakeun kahirupan di pilemburan jeung carpon nu nyaritakeun kahirupan kota. Rék kumaha bisa nangtukeunana mun seug teu puguh wates-wangenna. Jadi ana kitu mah kacindekan Ajip nu unina, “Caritana anu ngeunaan kahirupan kota henteu sabaraha [réana] dibandingkeun jeung anu nyaritakeun kahirupan di pilemburan” (k. 7, kurung siku ti nu nulis) teu bisa ditarima, salian ti teu valid dasar cecekelanana, ongkoh deuih teu atra sabaraha-sabarahana carpon nu nyaritakeun kahirupan kota jeung carpon nu nyaritakeun kahirupan di kampung.
Kitu deui ngeunaan latar waktuna, “jaman normal” jeung jaman kiwari, kudu terang heula naon nu nyirikeunana dina unggal carpon, sanajan geus puguh watesanana yén nu dimaksud “jaman normal” téh nya éta “... jaman saméméh perang waktu Indonesia masih kénéh disebut Hindia Belanda ...” (k. 7) jeung nu dimaksud jaman kiwari téh nya éta sanggeus “jaman normal”. Upamana, naon nu nyirikeunana yén carpon "Ngalongok Munding", sakumaha cék Ajip, lumangsung dina waktu “jaman normal”? Gampang temen mun dina caritana disebutkeun ieu carita kajadianana bulan anu taun saanu, tapi pan buktina mah euweuh kateranganana. Jadi ana kitu mah, naon argumén Ajip nepi ka méré kacindekan modél kitu?
Piliheun nu kaduana nya éta ieu buku disusun kalawan tématis waé sakumaha nu kapanggih dina panganteur Ajip kana ieu buku. Mun disusun kalawan tématis bisa waé dibagi kana dua bagian nu masing-masing engkéna bakal dibagi deui kana dua bagian gedé. Bagian kahiji nya éta téma nu nyeungseurikeun talajak manusa anu gumedé. Téma ieu bisa dibagi deui kana dua bagian, nya éta téma nu nyeungseurikeun jalma nu guménak atawa nu ngeukeuweuk kaménakan jeung téma anu nyeungseurikeun jalma anu gumedé ku kabeungharan. Bagian kadua nya éta téma anu nyeungseurikeun talajak manusa anu pikaseurieun. Téma ieu dibagi kana dua bagian, nya éta téma anu ngageuhgeuykeun kalakuan manusa anu mémang pikaseurieun jeung téma nu nyeungseurikeun talajak manusa ku lantaran salah sahiji sabab nu di luareun kahayangna sorangan nyanghareupan situasi nu tragis tapi sering pikaseurieun.
Minangka contona, sakumaha pamanggih Ajip, “Téma anu nyeungseurikeun jalma anu guménak atawa anu ngeukeuweuk kaménakan téh ... di antarana Seserahan, Juag Téja, Minantu, jeung Pangantén Tunda” (k. 8); téma nu nyeungseurikeun nu gumedé “ku lantaran kabeungharan cara dina carita Sanés Maling ..., Gara-Gara Si Jelug ..., Elodan ...” (k. 8); téma “... anu bangun ngageuhgeuykeun kalakuan manusa anu mémang pikaseurieun, upamana dina carita Inden Bajigur, Indung Si Enén Gering, Lini, Dirawu Kélong ...” (k. 8). Lebah téma nu nyeungseurikeun talajak manusa ku lantaran salah sahiji sabab anu di luareun kahayangna sorangan nyanghareupan situasi anu tragis tapi sering pikaseurieun, Ajip sigana lalieun teu méré conto. Pikeun contona lah-lahan waé néangan sorangan, nya minangka contona nu kapanggih di antarana nya éta "Samping Panyeumpal" jeung "Dukun Lepus".
Dina "Samping Panyeumpal", tokoh “kuring” kudu nyanghareupan situasi nu tragis tur pikaseurieun alatan samping panyeumpalna. Basa tokoh “kuring” jeung tatanggana, di antarana Ceu Enit, ngalongok orok ka Ceu Inah nu geus ngalahirkeun, samping panyeumpal tokoh “kuring” téa dibikeunna kalahka ku Ceu Enit. Ceu Inah nu kungsi nyeumpal ku samping waktu tokoh “kuring” ngalahirkeun, tungtungna méré budi haseum alatan teu témbong samping panyeumpal ti tokoh “kuring”. Béda deui dina "Dukun Lepus" mah, tokoh “kuring” nyanghareupan situasi nu tragis tur pikaseurieun alatan tokoh “kuring” sanggeusna narékahan dulurna nu kasakit lumpuh, ku balaréa langsung dicap bisa nambaan kasakit jelema nu kumaha ogé.
Di sagédéngeun aya dua piliheun dina nyusun ieu buku sakumaha nu kaunggel di luhur, aya piliheun nu katiluna nya éta unggal carpon nu kakumpulkeun disusun kalawan dibagi kana tilu bagian sakumaha cék pamanggih Ajip atawa, bawirasa, ditambahan heula dua bagian deui, jadi lima bagian. Bagian kahiji nya éta carpon anu mangrupa carita mistéri, minangka contona “anu mangrupa carita mistéri téh cara Leuwi Ronggéng ...” (k. 10). Bagian kadua nya éta carpon anu “mangrupa kritik, minangka contona carita Nurustunjung ..., Dokumén ..., Mim Pitu ...” (k. 9). Bagian katilu nya éta carpon nu mangrupa panineungan, minangka contona nu “mangrupa panineungan pribadi ..., Bedug ti Nagri Ajrak ..., Ngalongok Munding ...” (k. 7).
Saenyana tilu bagian nu di luhur téh kudu ditambahan heula ku dua bagian deui jadi engkéna lima bagian. Dua bagian éta téh nya éta bagian-bagian nu teu katilik ku Ajip dina panganteurna. Bagian kahiji nya éta carpon anu bisa disebutkeun mangrupa carita asmara. Carita asmara di dieu dihartikeun minangka carpon-carpon nu ngagambarkeun galurana rasa awéwé ka lalaki atawa sabalikna, minangka contona nya éta "Cangkurileung jeung Caladi", "Téang na Hanjuang Siang", jsté. Bagian kaduana nya éta carpon anu bisa disebutkeun mangrupa carita tahayul. Carita tahayul di dieu dihartikeun minangka carpon-carpon anu ngagambarkeun ayana kateupercayaan kana tahayul ku jalan nyalénggorkeun carita tahayul téa, minangka contona nya éta "Dirawu Kélong", "Ngipri", "Miceun Balas", jsté.
Sanggeusna niténan sababaraha piliheun nu bisa dipaké dina nyusun ieu buku, saenyana nyusun buku nu mangrupa kumpulan carita pondok téh lain gawé nu teu bisa diusahakeun. Dina leresan ieu, gawé éditor kudu bisa ngabuktikeun tanggung jawabna. Tanggung jawab éditor nu paling basajan di antarana nya éta dina nyusun hiji buku. Mun buku nu dipedalkeun, utamana buku kumpulan carpon, saméméhna geus disusun heula, éta téh geus nyirikeun ayana tanggung jawab éditorna. Komo deui mun gawé éditorna téh teu semet dinya. Saméméh nyusun hiji buku, tanggung jawab utama nu nyampak di éditor saenyana nya éta kudu bisa milu nangtukeun eusi éta buku. Dina harti, éditorna ulah sieun ku pangarang dina bebeneran nangtukeun kwalitas eusi buku. Cindekna kudu bisa ngamuncunghulkeun kualitas eusi tulisan hiji pangarang nu sabenerna. Tah tugas éditor nu samodél kitu téh tong boro di urang, di sastra Sunda, dalah di ranah sastra Indonesia gé matak teu pikabungaheun. Atuh ayeuna saheulaaneun mah ulah waka jauh-jauh, nu basajan wé pigawé heula.
Candra T. Munawar, Mahasiswa Sastra Sunda UNPAD
Girang Rumpaka Tangara
Girang Rumpaka Tangara
Kungsi dimuat dina tabloid mingguan basa Sunda:
Galura Edisi Ka-10/Taun Ka-16 Minggu I Juni 2004
Galura Edisi Ka-10/Taun Ka-16 Minggu I Juni 2004
0 Response to "Dukun Lepus: (Teu) Kudu Disusun Heula!"
Posting Komentar
Jika postingan di atas bermanfaat dan Anda tertarik untuk berbagi perasaan dan pikiran bersama kami, silakan tulis komentar. Terima kasih ;-)