Kaulinan Barudak ti Nanjung Jaya


KAWIH KAULINAN BARUDAK
Gatrik
Trik ala gatrik
Nagasari riwan
Awan, awan-awan
Jarum pentul
Tulén, alén-alén
Jadi kodok, kodok
Ala kodok jadi kodok

Cici Pocici
Cici pocici kelempung
Kalau mau kembang apa?
Mawar1
Ema, ema A Cacan2
Ménta kembang mawar
Kabogohna ka Si3 Dian4

Endog-endogan
Endog-endogan, peupeus hiji, pré
Goléang-goléang mata sapi
Bolotot

Tété Mutété
Tété mutété
Dipanggil nona bété
Palala-paluli lugem
Baeem-baeem

Data Informan
Nama : Barudak Nanjung Jaya
Umur : 10 s.d 12 tahun
Alamat : Desa Nanjung Jaya Kec. Kersamanah Kab. Garut Rt/Rw 02/04
Pekerjaan : Siswa SD


[1] 
Ngaran kembang nu dipikahayang
[2] 
Ngaran jalma nu mikahayang kembang, engang panungtung kudu sarua
[3] 
Kecap nu nuduhkeun ngajangjaruhkeun
[4] 
Ngaran jalma nu nuduhkeun ka saha dijangjaruhkeunana; engang panungtung kudu sarua

TATARUCINGAN
1
Naon bédana handphone jeung Monyét?
Ari handphone mah nokia
Ari Monyét mah nu kieu (bari nunjuk ka nu teu bisa ngajawab kana tatarucingan)

2
Naon bédana Onta jeung kangkung?
Ari Onta mah di Arab
Ari kangkung mah diurab

Data Informan
Nama : Miftah
Umur : 12 tahun
Alamat : Desa Nanjung Jaya Kec. Kersamanah Kab. Garut Rt/Rw 02/04
Pekerjaan : Siswa SD

0 Response to "Kaulinan Barudak ti Nanjung Jaya"

Posting Komentar

Jika postingan di atas bermanfaat dan Anda tertarik untuk berbagi perasaan dan pikiran bersama kami, silakan tulis komentar. Terima kasih ;-)