Mernahkeun Kecap nu Merenah*


Satutas mangkukna, poé Rebo tanggal 9 Agustus 2006, nungkulan pibojoeun sawala dina seminar Usulan Penelitian di Jurusan Sastra Sunda, nepi ka danget ayeuna aya hiji kecap nu teu weléh ngukuntit dina uteuk nu haben ménta dipikiran. Hiji kecap nu keur kuring mah tangka némbrakkeun dua ajén manusa nu béda dina lebah mernahkeun kecap nu merenah ka papada jalma jeung kecap nu saayeunaeun mah tacan merenah di mana mernahkeunana dina gramatika basa Sunda. Kecap éta téh nya éta {karampus} minangka afiksasi infiks {-ar-} kana nomina {kampus} nu hamo bireuk deui pikeun urang mah. Tong waka kerung upama éta kecap {karampus} téh teu matak kaharti kana uteuk. Kumaha mun éta kecap téh ayana dina kalimah interogatif  {Iraha rék ka karampus téh?}, jadi kaharti kapan ayeuna mah.

Goréhélna éta kecap jeung conto kalimahna di luhur téh éstuning meunang nyutat sagemblengna tina kasauran Dr. Kalsum, M.Hum. minangka salah sahiji Dosen Penelaah dina éta seminar. Harita, tumalina kana usulan penelitian ti salah sahiji mahasiswa ngeunaan morfem prakategorial/pradasar, anjeunna ngungkabkeun yén aya kecap dina basa Sunda nu saméméhna mibanda wangun nu bébas dina omongan sanggeusna dirarangkénan ku rarangkén tengah {-ar-} jadi wangun nu teu bébas. Sakumaha nu kapanggih dina buku Asas-asas Linguistik Umum yasana J.W.M. Verhaar (1999:97), bébas di dieu nya éta bisa ajeg sorangan kalawan henteu mikabutuh wangun nu lian sangkan jadi kaharti.

Conto kecap {kampus} di luhur minangka wangun nu bébas lantaran bisa ajeg sorangan kalawan henteu mikabutuh wangun nu lian sangkan jadi kaharti. Kecap {kampus} bisa kaharti ku uteuk nya éta tempat kuliah mahasiswa atawa tempat mimiti panggih jeung néng Tina mun ceuk si Iping mah (leuwih payusna mah ilikan hartina dina kamus). Béda deui jeung kecap {karampus} dina kalimah {Iraha rék ka karampus téh?}. Kecap {karampus} dina éta kalimah henteu bisa ajeg sorangan mun hayang kaharti ku uteuk téh, sahenteuna mikabutuh wangun nu lian nya éta kecap {ka} minangka preposisi. Frase {ka karampus} matak kaharti ku uteuk nu nuduhkeun yén nu rék ka kampus téh leuwih ti hiji. Pungsina rarangkén {-ar-} dina frase di luhur minangka ciri pluralis dina kalimah nu subyékna leuwih ti hiji.

Nilik kana pedaran di luhur, wangun kecap {karampus} jeung wangun morfem prakategorial/pradasar miboga panginditan nu sarua nya éta minangka wangun nu mikabutuh wangun nu lian sangkan jadi wangun nu bébas. Bédana ari morfem prakategorial/pradasar sakumaha cék Verhar (1999:99) mah mikabutuh pengimbuhan, pengklitikaan, atawa pemajemukan sangkan jadi wangun nu bébas téh, ari wangun kecap {karampus} mah mikabutuh wangun preposisi {ka}. Sangkan leuwih jéntré jeung jinek naha wangun kecap {karampus} téh kakolomkeun kana wangun morfem prakategorial/pradasar atawa henteu, munasabah mun Ibu Kalsum lebah dinyana mah tumaros ka "almukaromah" profésor linguistik nu kakara pisan lungsur ke prabon tina kalungguhan dekanna.

Anjeunna mernahkeun ku anjeun yén ari sual élmu mah kudu ka ahlina. Kumargi anjeunna mah mung wungkul tabah kana widang filologi—widang nu cenah cék "almukaromah" mah panalungtikanana badis citakan batu bata, nya merenah upamana nyuhunkeun kamandangna téh ka ahli widang linguistik—widang nu saenyana mah bibit buitna tina widang filologi. Ngan nya kitu téa nu ditanya jeung nu dipénta bongbolongn téh kalahka mésem bangun nu moyok. Sang Profésor henteu mirasa yén nu ditanyakeun ka manéhna téh perkara nu kudu dipikiran kalawan daria lain perkara mumuluk isuk-isuk. Lebah dieu mah éta Sang Profésor téh henteu mernahkeun manéh jadi sang ahli dina widang linguistik, jadi teu merenah upamana manéhna malik nanya ka mahasiswa nu keur disidang hareupeunana. Pamustunganana mah wangun kecap {karampus} téh tacan jinek jeung merenah di mana mernahkeunana dina gramatika basa Sunda.

Dina ieu tulisan rék ditarékahan sangkan wangun kecap {karampus} téh merenah dipernahkeunana dina gramatika basa Sunda. Saméméhna, rék makayaan heula tiori morfem prakategorial/pradasar nu diungkabkeun ku Verhar dina bukuna Asas-asas Linguistik Umum (1999). Dina basa Sunda, bawirasa, lian ti mikabutuh pengimbuhan, pengklitikaan, atawa pemajemukan sangkan morfem prakategorial/pradasar jadi wangun nu bébas, tapi ogé bisa ngaliwatan pengulangan. Minangka contona kecap {golér}, sangkan jadi wangun nu bébas bisa ngaliwatan pengulangan kalawan maké pengulangan dwilingga saling swara jadi {gular-golér} lian ti ngaliwatan pengimbuhan {ngagolér}, {digolérkeun}, jsté.

Sanggeusna makaayaan tiori di luhur, ayeuna geus mangsana urang medar perkara wangun kecap {karampus}. Rarangkén tengah {-ar-} dina éta kecap ngalantarankeun kecap {karampus} henteu bisa ajeg sorangan minangka wangun nu bébas. Béda deui jeung kecap {marandi} dina kalimah imperatif {Barudak téh keur marandi di walungan.}. Kecap {marandi} dina éta kalimah minangka wangun nu bébas jeung matak kaharti kana uteuk andapon dileupaskeun sagemblengna tina conto kalimah di luhur. Naon nu ngabédakeunana? Kecap {karampus} mah morfem dasar-na minangka kecap nomina {kampus}, ari kecap {marandi} mah morfem dasar-na minangka kecap verba {mandi}. Cindekna, mun kecap verba dirarangkénan ku rarangkén tengah {-ar-} henteu ngalantarankeun kecap turunanana jadi wangun nu teu bébas. Conto nu lianna nya éta {dalahar} tina {dahar}, {arinum} tina {inum}, jsté.

Saenyana lain ngan pédah rarangkén tengah {-ar-} téh ninggangna dina kecap verba wungkul nu matak kecap {marandi} minangka wangun nu bébas, tapi dina enas-enasna mah konstruksi kalimahna nu ngalantarankeun kecap éta téh minangka wangun nu bébas. Kecap {mandi} nu nuduhkeun subyekna singular jeung {marandi} nu nuduhkeun subyékna plural dina kalimah {manéhna mandi di walungan} jeung {maranéhna marandi di walungan} mibanda kalungguhan minangka prédikat dina éta kalimah nu bisa dipisahkeun tina wangunan bébas lianna nu aya dihareupeunana jeung pandeurieunana. Kecap {mandi} jeung {marandi} bisa dipisahkeun tina kecap {manéhna} jeung {maranéhna} kalawan diselang heula, contona, ku kecap {keur}. Jadi wangun kalimahna nya éta {manéhna/maranéhna keur mandi/marandi di walungan}.

Béda deui jeung kecap {kampus} atawa {karampus} dina kalimah {manéhna indit ka kampus} jeung {maranéhna indit ka karampus} nu mibanda kalungguhan minangka keterangan tempat dina éta kalimah. Cicirénna nu nuduhkeun keterangan tempat dina kalimah nya éta ayana preposisi di hareupeun kecap nomina dina konstruksi kalimahna. Preposisi nu nyicinganana nya éta {ka}, {ti}, jeung {di} dina kalimah {manéhna/maranéhna indit ka kampus/karampus}, {manéhna/maranéhna balik ti kampus/karampus}, jeung {manéhna/maranéhna aya di kampus/karampus}. Mun preposisi dina éta kalimah di leungitkeun, tinangtu konstruksi kalimahna moal matak kaharti jeung salah numutkeun padika sintaksis.

Dumasar kana pedaran di luhur, lebah dieu urang bisa nangtukeun yén aya dua sabab nu pakaitna jeung sintaksis pangna kecap {karampus} minangka wangun nu teu bisa ajeg sorangan (wangun nu teu bébas) jeung matak teu kaharti kana uteuk. Nu kahiji, nya éta ayana infiksasi rarangkén {-ar} nu tumalina kana kalungguhan subyék nu plural dina kalimah. Kaduana, nya éta pernahna kecap {karampus} aya dina kalungguhan keterangan tempat dina kalimah nu mikabutuh wangun preposisi. Cindekna, kecap {karampus} moal bisa leupas tina konstruksi kalimahna, sabab ayana kecap {karampus} téh minangka hasil tina konstruksi kalimah nu kalungguhan subyékna plural jeung mernahkeun éta kecap aya dina kalungguhan keterangan tempat nu mikabutuh wangun preposisi. Ana kitu mah, merenah upamana kecap {karampus} minangka wangun nu teu bébas téh ditilikna tina jihat sintaksis lain tina jihat morfologi. Jadi, kecap {karampus} téh henteu bisa kakolomkeun kana morfem prakategorial/pradasar

Sasieureun sabeunyeureun, mangga nyanggakeun. Cag!

*Tawis hurmatna ka Ibu Kalsum nu tumetep ajeg dina tangtungan élmuna

0 Response to "Mernahkeun Kecap nu Merenah*"

Posting Komentar

Jika postingan di atas bermanfaat dan Anda tertarik untuk berbagi perasaan dan pikiran bersama kami, silakan tulis komentar. Terima kasih ;-)