Definisi dan Jenis-Jenis Dongeng

Artikel yang sedang Anda baca merupakan bahasan mengenai definisi dan jenis-jenis dongeng dalam khazanah sastra Sunda. Bahasan dalam artikel ini ditulis menggunakan bahasa Sunda.

Definisi dan Jenis-Jenis Dongeng


Bihari, tradisi ngadongéng téh mangrupa tradisi lisan. Kiwari, umumna éta tradisi téh robah jadi tradisi maca, maca dongéng. Dongéng téh kaasup kana golongan carita, umumna carita anu parondok. Nu ngabédakeun dongéng jeung golongan carita lianna utamana dina jalan caritana, palakuna, jeung waktu kajadianana loba anu teu katepi ku akal (pamohalan). Najan kitu, dongéng gedé ajénna pikeun bekel kahirupan lantaran dina dongéng mah leubeut naker ku ajén-ajén atikan. Éta ajén atikan dina dongéng téh minangka luang pieunteungeun jeung picontoeun pikeun nu ngadéngékeunana atawa nu macana. Pieunteungeun di dieu nyaéta sikep katut laku lampah goréng anu lain tiruen, ari picontoeun mah sabalikna. Nya ajén atikan ieu pisan nu jadi ciri pangpentingna dina dongéng. 

Ditilik tina eusi jeung palakuna, dongéng bisa dipasing-pasing jadi lima bagian, nyaéta (1) fabel, dongéng nu nyaritakeun kahirupan sastoan; (2) parabel, dongéng nu nyaritakeun kahirupan jalma biasa; (3) legénda (sasakala), dongéng nu nyaritakeun asal-usul kajadian tempat, barang, sasatoan, jeung tutuwuhan; (4) mite, dongéng anu nyaritakeun mahluk ciciptaan bangsaning jurig jeung siluman; (5) sagé (babad), dongéng anu nyaritakeun jelema atawa kajadian nu ngandung unsur sajarah.

Pieunteungeun jeung Picontoeun dina Dongéng


Pieunteungeun jeung picontoeun méh aya dina unggal dongéng, saperti dina dongéng “Kuya jeung Monyét”, “Si Peucang”, “Budak Pahatu”, “Si Kabayan”, jrrd. Dina dongéng “Kuya jeung Monyét”, anu goréng niat, jail, jeung kaniaya diwakilan ku tokoh monyét, sedengkeun nu sabar jeung asak jeujeuhan diwakilan ku tokoh kuya. Dina dongéng “Si Peucang”, peucang teu weléh bisa nyalametkeun dirina ku pitulung akalna. Dina dongéng “Budak Pahatu”, dua budak pahatu, adi jeung lanceuk, ngébréhkeun pentingna silihpikanyaah jeung silihbélaan. Pon kitu deui dina dongéng “Si Kabayan” loba naker pieunteungeunana.

Si Kabayan kaasup tokoh dongéng anu lucu jeung pikaresepeun. Kalakuan jeung kabiasaan sapopoéna kaitung mahiwal. Najan kitu, Si Kabayan saéstuna tokoh nu pinter sarta kapinteranana téh tampolana bisa ngéléhkeun batur. Dongéng-dongéng Si Kabayan téh lain baé pikalucueun jeung pikaresepeun, tapi ogé ngandung ajén kacerdasan, ajén moral, jeung ngandung pieunteungeun. Lamun di urang boga Si Kabayan, di sélér bangsa séjénna boga tokoh nu sarupa, saperti “Pan Balang Tamak” (Bali), “Lebai Malang” (Riau), “Mat Doblang” (Jawa Tengah), “Abu Nawas” (Bagdad), jeung “Nasrudin” (Timur Tengah).

Demikian artikel mengenai definisi dan jenis-jenis dongeng. Anda bisa memanfaatkan artikel ini untuk membantu menyelesaikan PR anak Anda atau kepentingan lainnya. Silakan Anda pun bisa berbagi isi dari artikel ini kepada orang-orang terdekat di sekitar Anda. Artikel terkait lainnya bisa Anda baca melalui link di bawah. Semoga artikel ini bermanfaat untuk Anda.

0 Response to "Definisi dan Jenis-Jenis Dongeng"

Posting Komentar

Jika postingan di atas bermanfaat dan Anda tertarik untuk berbagi perasaan dan pikiran bersama kami, silakan tulis komentar. Terima kasih ;-)