Nyanyian Anak-Anak (Kakawihan Barudak)


Cingcangkeling

Cingcangkeling
Manuk Cingkleung cindeten
Plos ka kolong
Bapa Satar buleneng

Eundeuk-Eundeukan

Eundeuk-eundeukan lagondi
Meunang peucang sahiji
Leupas deui ku nini
Beunang deui ku aki

Punten Mangga

Punten, mangga
Ari ga, Gatot Kaca
Ari ca, cau ambon
Ari bon, bonténg asak
Ari sak, sakit perut
Ari rut, rujak asem
Ari sem, sempal-sempil
Ari pil, pilem ramé
Ari mé, méja makan
Ari kan, kantong kosong
Ari song, songsong lampu
Ari pu, Pulau Bali
Ari li, lila teuing

Bang-Bang Kalima-lima Gobang

Bang-bang kalima-lima gobang, bang
Bangkong di tengah sawah, wah
Wahai tukang bajigur, gur
Guru sakola désa, sa
Saban poé diajar, jar
Jarum paragi ngaput, put
Putri nu gareulis, lis
Lisung kadua-dua halu, lu
Luhur kapal udara, ra
Ragrag di Jakarta, ta
Taun dua rébu, bu
Buah meunang ngala, la
Lauk meunang nyobék, bék
Béker meunang muter, ter
Terus ka Cikampék, pék
Pék ngadu pipi jeung nu ompong

0 Response to "Nyanyian Anak-Anak (Kakawihan Barudak)"

Posting Komentar

Jika postingan di atas bermanfaat dan Anda tertarik untuk berbagi perasaan dan pikiran bersama kami, silakan tulis komentar. Terima kasih ;-)