Asihan jeung Jangjawokan ti Blogger

 
Mangga ieu nyanggakeun sawatara asihan jeung jangjawokan nu kantos dikintun ku para blogger di blog pribados. Ngeunaan ngaran asihan jeung jangjawokanana, sim kuring teu patos terang. Pon kitu deui kekecapanana, hampunten ku margi aya nu teu patos eces naon maksadna. Insya Alloh ka payunna, ku pangrojong nu maos ieu blog, pamugi aya nu masihan katerangan perkawis nu didugikeun di handap. 

Asihan 1

Sulieung sing suranti
Bulu patepung
Urat pacangreud
Daging papuket
Papuket ku naga temen
Nu ngahuleng
Nu ngariung
Nu ngajanteng
Hu ...
Pet rapet ku pangaruh kaula
Kersaning Alloh
Lailahaillalloh Muhamadarrosululloh

Informan:
rdefal@yahoo.com
Halaf al Fahrurrozi

Asihan 2

Batu caku cadas patengkang
Ragragna ka jero leuwi
Ditawa ditawé
Pang nawékeun si ... (sebutkeun ngaran)
Tiis ti peuting ngeunah ti beurang
Kersana Alloh ta'ala

Informan:
kangutom@yahoo.com
Kang Utom
Karawang

Asihan 3

Asihan aing si mayang manci
Nu ngadeg di lawang kori
Nya aing nu ucang anggé dina bulu mata sia ... (sebutkeun ngaran)
Mangka welas mangka asih ka badan awaking

Informan:
wan_yana19@yahoo.com
Mang Bagus

Asihan 4

Tangtung celuk na parahu
Ucang-ucang di sagara
Sagara ombak-ombakan
Ditutunjuk béntang timur
Ngalahun bulan gedé
Sing asih wong sajagad ka diri awaking

Informan:

Asihan 5

Mikulit sirit mibeungeut heunceut
Rangenyéh pinuh ku cihcir
Huhah héhéh huhah héhéh
Gék nyéh nya aing anu boga kasemaran
Aya bikeun kana leungeun
Aing euweuh nganjuk ngahutang
Mangka welas mangka asih
Sih asih kana raga awak aing
Nya aing anu boga kasemaran

Informan:
Edi Rohmat
rohmatsoehani@yahoo.co.id

Asihan 6

Uncang uncang kudu nyancang atina si ... (sebutkeun ngaran)
Sina édan nyaba jalan
Sina pangleng ora deleng

Informan:
rama

Asihan 7

Asihan aing si kaléng rombéng
Blek pakaléng-kaléng
Blek pakaléng-kaléng

Informan:

Jangjawokan

Asihan aing si leugeut teureup
Leugut teureup leugeut hadé

(Gunana keur ngala manuk. Maké karét saeutik, diterapkeun dina palangkring.)

Informan:
mundingaku@gmail.com
Kang Mo"en

0 Response to "Asihan jeung Jangjawokan ti Blogger"

Posting Komentar

Jika postingan di atas bermanfaat dan Anda tertarik untuk berbagi perasaan dan pikiran bersama kami, silakan tulis komentar. Terima kasih ;-)