Mun ngabandungan ulikan basa Sunda ti bihari nepi ka kiwari ti para ahli, urang baris terang yén nepi ka danget ayeuna pedaran ngeunaan kecap rajékan basa Sunda téh ngan nepi kana kecap rajékan nu diwangun ku cara ngarajék deui kecap asalna nepi ka tilu kalina wungkul: blag-blig-blug, dar-dér-dor, trang-tréng-trong, jrrd. Éta kecap rajékan téh disebutna kecap rajékan trilingga atawa triréka (disebut triréka téh duméh dicirian ku barobahna sora vokal dina ngarajékna). Di sagédéngeun éta, numutkeun para ahli, kecap rajékan basa Sunda séjénna téh nya éta kecap rajékan dwilingga. Kecap rajékan dwilingga nya éta kecap rajékan nu diwangun ku cara ngarajék deui kecap asalna nepi ka dua kali. Ieu kecap rajékan téh dibagi deui jadi tilu jinis, nya éta kecap rajékan dwimurni, dwiréka, jeung dwipurwa. Kecap rajékan dwimurni nya éta kecap rajékan dwilingga ku cara ngarajék deui kecap asalna kalawan gembleng: buku-buku, bapa-bapa, imah-imah, jrrd. Kecap rajékan dwiréka nya éta kecap rajékan dwilingga ku cara ngarajék deui kecap asalna kalawan aya barobahna sora vokal: bulak-balik, luak-lieuk, tunja-ténjo, jrrd. Ari kecap rajékan dwipurwa nya éta kecap rajékan dwilingga ku cara ngarajék deui kecap asalna kalawan sabagian, nya éta engang mimitina wungkul: bébéja, babanda, totoél, jrrd.
Pakaitna jeung kecap rajékan, sakali mangsa mah kuring kawénéhan mireng omongan tatangga ka budakna, “Awas siah, tong jur-jar-jor-jor ka gogobrog si bangkarwarah deui!”. Kitu unina éta panyarék téh. Sajongjonan mah kuring bati ngahuleng. Lain pédah ku ungkarana nu garihal, tapi ku kekecapan jur-jar-jor-jor téa. Mun ditengetan kalawan gemet, éta sakadang kecap téh kawilang minangka kecap rajékan nu diwangun ku cara ngarajék deui kecap asalna nepi ka opat kalina. Lebah dieu mah, sabagian tina éta omongan tatangga téh—nu sasatna panyatur basa Sunda pituin—mangrupa kabeungharan basa Sunda nu tacan kaungkab jeung tangtuna baris ngeuyeuban korpus data basa Sunda pikeun ulikan basa Sunda ka hareupna. Nu jadi pasualan ayeuna, naha enya éta kecap jur-jar-jor-jor téh kakolomkeun kana kecap rajékan? Mun téa mah enya kecap rajékan, naon waé nu jadi cirina tina éta kecap rajékan téh? Di sagédéngeun éta, kecap rajékan naon disebutna?
Tina pedaran ngeunaan sawatara kecap rajékan katut contona di luhur, urang baris terang yén nu ngaranna kecap rajékan téh nya éta sakadang kecap nu diwangun ku cara ngarajék deui kecap asalna nepi ka sababaraha kali. Ku kituna, kecap jur-jar-jor-jor téh geus sidik kakolomkeun kana kecap rajékan. Lebah dieu mah, éta kecap rajékan téh diwangun ku cara ngarajék deui kecap asalna nepi ka opat kalina. Nu jadi kecap asal dina éta kecap rajékan jur-jar-jor-jor téh nya éta kecap anteuran jor. Éta kecap jor téh dirajék nepi ka opat kali jadi jur-jar-jor-jor.
Tangtuna, teu kaci mun contona ngan kecap jur-jar-jor-jor wungkul. Ku kituna, tina éta kecap rajékan jur-jar-jor-jor téh sajeroeun pikir tingkolébat kekecapan nu wandana sarua: um-am-am-am, tuh-tah-téh-téh, su-sa-si-si, jrrd. Conto larapna dina kalimah: “Hayoh wé um-am-am-am, sidik hésé neleg ieu téh.”, “Aya naon atuh dédé, ti tatadi tuh-tah-téh-téh wé.”, “Tong su-sa-si-si ka budak éta mah bisi indungna teu sukaeun, enéng kituh!”. Kecap um-am-am-am asal kecapna tina kecap anteuran am. Kecap tuh-tah-téh-téh asal kecapna tina kecap panyulur téh. Ari kecap su-sa-si-si asal kecapna tina kecap memet si. Éta kecap am, téh, jeung si téh dirajék nepi ka opat kali jadi um-am-am-am, tuh-tah-téh-téh, jeung su-sa-si-si.
Ditilik tina jihat morfologi (élmu ngeunaan kecap jeung cara ngawangunna), kecap rajékan sakumaha nu katitén dina sawatara conto kecap di luhur sahenteuna mibanda tilu ciri morfologis. Ciri nu kahiji, ditilik tina jumlah engang kecap asalna nya éta kecap asal nu ngan saengang: kop, jang, jeung néng jadi kup-kap-kop-kop, jung-jang-jang-jang, jeung nung-nang-néng-néng. Ciri nu kadua, ditilik tina warna kecap asalna nya éta kecap asal nu mangrupa kecap panganteur, kecap panyulur, jeung kecap memet. Anapon ciri nu katilu, ditilik tina barobahna sora vokal dina cara ngarajékna nya éta mibanda pola u-a (tengetan pola u-a dina jur-jar-jor-jor, nung-nang-néng-néng, um-am-am-am, jrrd.).
Sakumaha nu geus dipedar di luhur, béhna mah dina basa Sunda téh aya kecap rajékan séjénna lian ti kecap rajékan dwilingga jeung trilingga. Ieu kecap rajékan téh mibanda ciri morfologis nu mandiri jeung tangtuna teu kaci mun kakolomkeun kana kecap rajékan dwilingga atawa kecap rajékan trilingga. Ku kituna, pikeun ngabédakeunana, geus sawadina ieu kecap rajékan téh dingaranan sakumaha mistina. Dina ieu tulisan, kecap rajékan nu diwangun ku cara ngarajék deui kecap asalna nepi ka opat kalina kalawan aya barobahna sora vokal téh disebutna kecap rajékan caturlingga atawa caturréka (catur hartina opat, réka hartina aya barobahna sora vokal). Jadi, kecap rajékan dina basa Sunda téh aya tilu jinis, nya éta kecap rajékan dwilingga (dwimurni, dwiréka, jeung dwipurwa), kecap rajékan trilingga (triréka), jeung kecap rajékan caturlingga (caturréka). Sasieureun sabeunyeureun mangga nyanggakeun. Cag!
0 Response to "Ngarajék Deui Kecap Rajékan"
Posting Komentar
Jika postingan di atas bermanfaat dan Anda tertarik untuk berbagi perasaan dan pikiran bersama kami, silakan tulis komentar. Terima kasih ;-)